Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

di sabeulah Kalerna, oesoem katiga. Tapi ti watès boelan November něpi ka boelan Maart, angin teh ti Kaler-Koelon, waktoe eta, di sabeulah Kaler eta poelo, loba hoedjan (oesoem ngidjih), di sabeulah Kidoel panas (oesoem katiga).

Kaajaan noe saroepa kitoe teh lain dinja bae, tapi di tempat² sedjen oge aja, tjaraning: di Amerika sabeulah Kidoel, di Sěpanjol, di Bohemen djeung sadjaba ti eta.

n. BAROEANG MANOESA.

(Beunang mětik tina boekoe „Paniti sastra”
djeung lian-lianna).

Baroeang anoe ibadah nja eta lamoen hatena henteu soetji, djeung pikiranana roedjit, djadi kotor henteu iman; djělěma anoe kitoe ibadahna batal.

Loembrahna sagala pagawean, lanioen henteu dipake enja³, toengtoengna gaplah bae, ibarat oerang mělak sisikian noe kopong, teu beunang diarep-arep boeahna.

Baroeang anoe miskin, nja eta sagala omonganana, sanadjan běněr oge, disangkana koe djělěma bohong bae. Teu aja pirěmpoegna noe kadjadian, sagala kahajangna gaplah bae. Hadena mah djělēma anoe ditakdirkeun miskin mah sabisa-bisa měnding tjltjing. Lamoen boga kahajang na bae oelah tinggal doedoega pěrjoga teu beda djeung nembongkeun kagorengan dirina pribadi.

Baroeang landjang anoe hoeisan, matak handjakal ka noe nendjo. henteu narik kana hate. kana panon sok sareukseuk. Noe rek ngalamar, emboengeun, da geus ělat teuing. Hadena, awewe ditangtajoengan koe lalaki teh dina keurna ngora.

Djaman ajeuna mah sanadjan ngora keneh oge, lamoen henteu kasipoeh koe elmoe, kahadang koe pangabisa mah katendjona soerem bae.

Awewe anoe meunang pangadjaran, asal soerem beungeutna djadi tjahjaan eta teh pěrbawa elmoena tea. Komo deui oepama ninggang di noe geulls, djadi woewoeh geulis montjorong lir boelan poernama.

Djělěma henteu babar! hoeisan, lamoen henteu aja sababna. Ari tjara awewe noe geus kolot mah, lamoen henteu dipake kabogoh teh, eta geus loembrah.

Baroeang anoe oedoed, lamoen diseuseup. Tapi moenggoeh di noe oedoed, lamoen henteu diseuseup teh, eta kaasoep kana djělēma aneh djeung henteu matak poeas kana kareping ati. Djadi ari hadena mah: oelah tinggal doedoega pěrjoga.

Sanadjan sakoemaha gědena oge baroeang anoe oedoed, moal njoesoel ka noe ngamadat. Arl njeret mah sanadjan saeutik oge

― 138 ―