Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Aja noe nanja kieu: „Naha běněr saab noe meunang hawa tiis teh sok djadi tjai?”

Pikeun nerangkeun jen běněr saab noe keuna koe hawa tils teh robah djadi tjai, ilikan bae gělas anoe dieusi es; tara koengal lila, tangtoe eta gělas di loearna baseuh. Tjal noe aja di saloeareun gélas teh, lain asal ti djěro eta gělas, nja eta tina saab anoe keuna koe tiisna es tea, noe aja di sakoeriling eta gělas.

SAMBOENGAN BAB HOEDJAN.

Di loehoer geus ditjaritakeun, jen sakoeriling oerang teh aja saab. Eta saab asalna tina tjal anoe katjampoeran koe hawa noe leuwih panas ti batan tjal tea. Lobana tjal anoe djadi saab, noeroetkeun koemaha baseuhna djeung keringna hawa, koemaha obahna djeung padětna hawa djeung djaba ti eta.

Koe sabab eta, henteu di oenggal² tempat saab teh saroea lobana.

Lamoen hawa noe mawa saab teh ditlisan,, tangtoe mawana saab, henteu bisa saroea lobana djeung samemeh ditlisan. Lamoen hawa teh koe oerang ditěroeskeun ditlisanana, tangtoe hawa teh mětět koe saab, lamoen ajeuna ditěroeskeun bae ditilskeunana, teu meunang henteu, saab teh robah ngadjad! tjal atawa es.

Djadi hawa panas teh ngamplhanana saab, bisa leuwih loba ti batan hawa tiis. Koe sabab eta, angin anoe něbak ká těmpat noe panas, henteu ngagajoeh hoedjan, nja kitoe deui angin atawa hawa noe moedoen ka těmpat² noe harandap, lantaran tempat noe handap teh leuwih panas ti batan teěmpat noe loehoer, eta oge henteu ngagajoeh hoedjan.

Sabalikna lamoen hawa ti tempat noe panas ngotjor ka těmpat noe tiis atawa nandjak ka těmpat noe loehoer, tangtoe loba saab anoe lesot tina hawa tea djadi tjai, sarta toeloej djadi hoedjan.

Lamoen aja angin anoe mawa saab loba, něbak ka pagoenoengan atawa ka goenoeng, tangtoe toeloej ka loehoer, nandjak ka poentjak goenoeng. Ela angin, pastl bakal ngajakeun hoedjan; tapi lamoen geus ngaliwatan eta goenoeng, moedoen deui, eta angin teh teu bisaeun ngagajoeh hoedjan, malah mawa panas.

Ieu katěranganana di handap:

Běněr oge angin teh djoina ti Koelon-Kaler, tapi hoedjan, di Bogor leuwih loba ti batan di Batawi, sabab Bogor leuwih loehoer. Tapi di Bandoeng, bêněr oge leuwih loehoer ti baian Bogor, hènteu loba hoedjan tjara di Bogor. Ari sababna hawa anoe ngotjor ka Bandoeng teh, saabna geus meh beak.

Tjonto anoe leuwih terang, nja eta di Poelo Ceram.

Eta poelo loehoer oge, sarta ngoedjoerna ti Koelon ka Wetan. Mimiti ti boelan Mei népi ka boelan September anginna ti Kidoel-Wetan. Waktoe eta, sabeulah Kidoel eta poelo aja hoedjan, ari