Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

eta radjoet, toeloej eta radjoet dipageuhan kana kadalina atawa kana rantena.

Kadali koeda ngora, koedoe mindeng digoenta-ganti; djeung oelah pisan rek make kadali rangah.

Pikeun narekahan koeda anoe sok njogot, biasana koe diparaban daging domba ange gadjih. Gadjihna sok narapěl kana hoentoena, eta matak ngaleungitkeun kana adatna sok njogot.

m. BAB HOEDJAN (¹).

Ari noe diseboet hoedjan koe oerang, nja eta tjai anoe ragrag ti langit, lain koe djělěma, tapi kaajaan alam bae. Ti mana datangna hoedjan teh?

Basa koering leutik keneh mindeng pisan ngadenge tjarita, jen noe ngajakeun hoedjan teh Batara Narada. Tapi ajeuna mah sarerea oge geus njaho, jen hoedjan leh asalna mega.

Lamoen aja noe nanja: naon ari mega teh, djeung ti mana datangna, djawabna saperti di handap ieu.

Di sakoeliah boemi, aja tjai, ari kadeuleuna aja anoe woedjoed tjai, es djeung saab. Saab henteu aja roepaan djeung teu aja ambeuna. Děmi saab anoe djiga halimoen anoe njamboeang tina tjal noe ngagolak, eta saab anoe geus djadi tjai lalemboet pisan.

Ari mega, eta saab anoe geus robah djadi tjai.

Tjai noe djadi saab teh nja eta tjai anoe kapanasan. Koe hal eta lolobana saab teh ti laoet anoe kasorot koe panonpoë, sapěrti: Laoet gede, Laoet Djawa, Laoet beureum djeung salian ti eta anoe deukeut ka Chattoe'listiwa. Koe sabab boemi djeung tatangkatan aja tjalan, djadi di mana-mana oge aja saab. Saab teh diseuseup (absorbeeren) koe hawa biasa, dibawa ka mana-mana (sabab ěnja-ěnjana angin teh nja eta hawa biasa noe obah). Lamoen saab teh nepi ka těmpat noe tiis atawa ka tempat noe loehoer (sarerea oge njaho, jen těmpat noe loehoer teh leuwih tils ti batan těmpat noe handap) hawa teu bisaeun ngampihan saab noe diseuseup tadi. Saab teh misah tina hawa, robah djadi tjai. Dina mimiti ngadjadi, eta tjai henteu ngahidji tapi paboerentjaj sarta lalemboet kabina-bina. Nja noe koe oerang sok diseboet mega tea, ana geus koempoel toeloej ragrag, ngadjadl hoedjan.

Eta tjai anoe ragrag djadi hoedjan tea, robah deui ngadjadi saab, eta saab djadi deui hoedjan. Kitoe bae salilana ngoebeng tjara roda panggilingan. Koe ngo bêng tjara roda panggilingan kitoe teh, lain ngan tjal bae, loba deui djirim sedjen noe ngoebèng kitoe, tjaraning: zuurstof djeung kooldioxijd.


(¹) Karangan djooragan K. Prawira Soomarta, Bogor.