Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

j. NGETJET KAI.

Kaina koedoe toehoer pisan djeung koedoe dihampĕlas heula sing hade make hampĕlas beusi atawa daoen hampëlas.

Toeloej dipoelas sing walatra koe lljnolie atah djeung kapoer saeutik. Eta minjak koedoe sina njĕrĕp pisan. Geus kitoe toeloej diratakeun make tjet noe disêboet „stopverf”. Ti dinja dipoelas deui koe tjet menie (bodastimah) ĕngke di mana eta tjet geus toehoer pisan, kakara ditjet koe tjet sakahajang oerang.


k. PANOLAK KANA BOEBOEK.

Bangsa mebĕl atawa barang bangsa kai noe koe boeboek, koedoe ditoetoep masing rekep pisan dina hidji pangkeng. Toeloej njokot paso dieusian lĕboe. Ti dinja dipoeroeloekan salpeter djeung walirang-beunang njampoerkeun, sabagian salpeter 15 bagian walirang, toeloej disoendoet. Pikeun dina pangkeng anoe gĕdena 50 M2, tjoekoep koe 1600 gram oge. Eta pangkeng koedoe ditoetoep, lilana 2 atawa 3 poë (oerang koedoe ingĕt, jen haseup walirang djeung salpeter teh, matak hideung kana barang tambang, koe sabab eta samemeh kamar teh ditoetoep, sakoer bangsa barang tambang koedoe dikaloearkeun heula).

Akal anoe kadoea, barang noe koe boeboek teh lĕbah noe koe boeboekna koedoe diantjlomkeun kana soeblimat 10%.

Akal noe panggampangna, ka djĕrona diantjret koe minjak tanah djeung terpentijn, sing mindĕng.


k. NGADJAR KOEDA.

Lamoen koeda oerang barang nĕpi ka hidji tĕmpat oedjoeg2 ngadjĕnghok, oelah bae koe oerang rek diadjar koe dipĕtjoetan atawa dirangketan koe ĕles; sabab kabiasaanana ana ngaliwat deui ka lĕbah dinja, sok toeloej ingĕteun kana siksaan noe bareto, datang ka djadi beuki sieuneun.

Koeda anoe borangan koe oerang koedoe dibebendjokeun, oelah sina neuleu barang anoe pikasieuneun tea, atawa lamoen teu kitoe, koedoe ditĕmpokeun sama sakali kana eta barang, sina diilikan diawas-awas, mambrih njahoĕun jen eta barang teh saĕnjana lain naon2. Noe toempak atawa koesir sabeunang-beunang koedoe awas, koedoe leuwih ti heula nendjo eta barang, koedana diomongan, ditoengtoen ĕlesna, sina oelak-ilik kalawan sabar djeung titi.

Lamoen aja koeda noe boga adat sok nongtot letah, hade ditarĕkahan kieu: di mana geus dirarangkenan, letahna koedoe dipoeroeloekan oejah saeutik, dina lĕbah kadalina. Lamoen, teu kitoe diakalan make radjaoet-letah, toengtoeng letahna diasoepkeun kana