Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/130

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

s. WOELANG OETAMA.

1. Sagala padamělan Maha Soetji, eta kabeh aloes. Oerang 3moal ngarti kana „koemaha-koemahana" djeung kana „koe naon sababna".

2. a. Pidoenja. Lamoen djělěna geus kairoet koe doenja, sok toeloej hatena maděp sárta mantěp kana neangan doenja. Karěp anoe kitoe, eta hidji mamala.

b. Karep kana sawarga. Djělěma anoe boga kahajang kitoe, martabatna leuwih loehoer batan noe tadi, sabab rolina mikahajang sawarga djeung mikahajang kasěnangan anoe langgěng; saoemoerna rěsěp kana tirakat, sabab ngarěp² soepaja kahajangna mangke dikaboel dina poë kiamat. Mikahajang sawarga teh leuwih moelja batan mikarěp pěrkara doenja.

c. Maděp ka Allah. Lamoen djělěma geus asoep kana alam jeu, eta paningalna batin braj boeka, neangan Goestina, ngalesotkeun paningalna tina anoe goemělar, sarta hal mikarep pěrkara doenja teh keur manehna mah laip, noe aja teh tjěngěng kangěn ka Noe Ngadaměl. Djělěma noe kitoe bagdja doenja acherat.

3. Di mana Allah asih ka abdina, eta djělěma sok dipasihan kaprihatinan: ditjandak doenjana, dipoendoet anak bodjona, soepaja teu aja noe djadi kabeurat ka manehna, tinggal maděp mantěp ka Allah.

4. Lamoen eta djělěma njangga kaprihatinanana kalawan sabar, tangtoe meunangna pahla henteu hese. Oepama bisa nangga kaprihatinan kalawan soeka ati, tangtoe bisa běrěsih tina sagala kagorengan.

5. Elmoe moekakeun sagala kahadean, ari kabodoan noengtoen kana sagala kadorakaan.

6. Pangandika Kangdjeng Nabi: „Teangan koe maneh djělěma anoe geus minggat ti maneh: hampoera koe maneh djělěma aroe ngawiwirang ka maneh; pihade koe maneh. djělěma noe teu diek pisan barangbere ka maneh.

Tjek papagon adat, ka djělěma anoe saloehoereun oemoerna koedoe daek ngalalajanan, dina keur ngarioeng djeung andjeunna oelah wani miheulaan tjarita, iwal lamoen aja pěrloe, kitoe oge nepama geus diwidian; djeung oepama andjeunna keur sasaoeran,