Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

oerang nja ngomong koedoe sanggeusna beak sasaoeranana, nja dioek oelah rek di saloehoereunana atawa sagirangeunana.

Ari djeung sasam a koedoe lajeut, djeung koedoe siliberean rědjěki, oelah djiga noe ngahoetangkeun, tapi koedoe kalawan iklas.

Ari ka noe oemoerna sahandapeun oerang, koedoe njaah sarta deudeuh.

Pendekna oerang teh koedoe ngadjian djělěma noe geus kolot sing tjara ngadjian kolot sorangan , ka sasama koedoe tjara ka doeloer, ka baroedak sing tjara ka anak oerang pribadi.

7. Koemawoela, eta kawadjiban anoe teu beunang pisah ditinggal koe moerid, mangpaatna leuwih ti soehoed-soemoedjoed. Watěkna koemawoela bisa měpěs karěpna hawa-napsoe; koemawoela noewoehkeun watěk handap-asor djeung tindak-tandoek noe hade; bisa ngaleungitkeun adigoeng, kaorowodolan djeung kangědoelan; ngagantjangkeun boekana hate djeung njaangan djělěma nja batinna nja loearna.

8. ...... Lamoen pangna andjeun salat teh ngarah asoep ka sawarga, ěmboeng asoep ka naraka, eta andjeun teh koemawoela ka hawa napsoe keneh. Lamoen andjeun neangan keneh kahajang atawa sieun koe kasieun, eta hartina andjeun teh koemawoela ka dinja.

9. Taja deui ngan gagabah, noe sok djadi lantaran pangna maksoed oerang teu djadi teh.

10. „Elmoe ”, djalan noe pangdeukeutna ka Goesti; „teu njaho”, aling² noe pangboenina noe ngahalangan andjeun ka Goesti.


i. NJAROEAKEUN WAKTOE.

Lamoen di BATAWI poekoel 12 beurang, di:
AMSTERDAM ………… poekoel 5 isoek leuwih 10
CALCUTTA (Hindoe)………… " 10 " " 45
ISTAMBOEL(Toerki)………… " 6 " " 45
PEKING (Nagara Tjina) " 12 beurang " 40
PARIS (Parasman)…………… " 5 isoek


j. NGANJAHOKEUN MADHAB.

Pikeun nganjahokeun madhab, salianna koe padoman, pikeun di dieu mah, di Hindia Nederland sok marake oge palintangan, nja eta make patokan Bentang Tjakra, anoe koe oerang Djawa

- 154 -