Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

29. BABAD TJIREBON

DANGDANGGOELA

Bismi'llahi alrahmani’lrahim,
Koela njĕboet asmaning Pangeran,
Noe moerah di alam kabeh,
Majoengan kabeh mahloek,
Ngraboedjanan rahmat djeung ridjki,
Teu aja kakoerangan,
Moenggoeh Maha Agoeng,
Anoe asih di aherat,
Noe ngagandjar kabeh djalma noe ngabakti,
Njiksa djalma doraka.

Sanggeus moĕdji Goèsti anoe asih,
Djeung Rasoelna Nabi noe poengkasan.
Rek njaritakeun lalakon,
Iboe kangdjĕng Sinoehoen,
Troesing madoe andanawari,
Toeroenan Padjadjaran,
Poetrana Sang Ratoe,
Ti garwa ti Singapoera,
Noe poepoetra tiloe maroeloes raspati,
Moelja taja koetjiwa.

Anoe tjikal pamĕget kakasih,
RADJA TJAKRA ROEANA katĕlah,
Punĕngah pumĕgrt keneh,
RADJA SENGARA TINOET,
Anoe boenso Sang Radja Poetri,
Nĕlah NJI DALEM SATANG,
Iboena Sinoehoen,
Soenan GOENOENG DJATI poerba,
DALEM SATANG noe ditjandak moenggah hadji,
Ngiring TJAKRA BOEANA.

Ti Arabna lĕroes angkat deui,
Djarah nadran ka Bet'almoekadah,
Astanana Nabi kabeh.
Doemadak eta waktoe,
Kangdjĕng Radja di Banisrail,
"Tas kapoepoeson garwa,
Manah mangkoerawoet,
Hemĕng limĕng kulĕnglĕngan,
Manjiĕng ka garwa anu lestari,
Emoet tata kĕantara