Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/144

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Toeloej njaoer Kadi Djamal'oeddin,
Anoe djadi Panghoeloe di dinja,
Djeung ka koelawarga kabeh,
Dawoehna Kangdjĕng Ratoe,
„Soegan aja anoe geus manggih,
„Istri noe meh saroepa,
„Djeung anoe geus poepoes,
„Nadjan teu saroepa pisan,
„Asal aja pasĕmon polah paniti,
„Keur ganti anoe djĕnat".

Pioendjoekna Kadi Djamal'oeddin:
„Noen soemoehoen dawoeh Maulana,
„Tjarek oengĕling tjarios,
„Aja noe geulis poenjoel,
„Dajeuh maneuh nja lĕmah tjai,
„Asal ti Padjadjaran,
„Ngan kadoea doeloer,
„Saĕntas hadji ti Mĕkah,
„Toeloej djarah ka koeboeran para Nabi,
„Nadran ka Bet'almoekdas”.

Soemeredet Soeltan BanI’sratl,
Pok ngandika: ,,Soeganna djeung soegan,
„Teang doeanana bae,
„Tjaloekan ka kadatoen,
„Niat kami arek maparin,
„Sidĕkah dana-dina,
„Oelah pmer lakoe,
„Tah sakitoe pamaksoedana,
„Malak mandar djadi djalan milik dlri,
„Paparin noe kawasa".

Kinanti.
Njai DALEM SATANG matoer:
„Sĕmbah noehoen awotsari,
„Kapoendi bĕrkah Molana,
„Piwoelang nja kitoe deui,
„Moeng abdi gadoeh panĕda,
„Moegi dikaboel koe Goesti”.

„Sim abdi soemĕdja toemoet,
„Sakĕrsa Molana Amir”.
Sang Maharadja ngandika:
„Naon anoe dipĕrĕdih?
„Sagala pamenta awak,
„Arek ditoeroet dipoendi".