Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

DALEM SATANG tadim matoer:

..Njoehoenkeun anak lalaki,

...Lanang něnggang ti sasama,

Noe djadi wail sadjati,

..Djadi ratie Noesa Djawa,

..Njěbarkeun Agama Nabi.


30. SAKOLA INSINJOER DI BANDOENG

Ana geus něpi kana mangsana, katjida kamadjoean teh gantjangna, mani nerelek.

Geura mangga maranahan kaajaaan di oerang!

Poeloeh-poeloeh teh Hoogere Burgerschool, anoe sok dipondokkeun H. B. S. tea. Martabat kaloehoeran eta sakola, beunang disěboet meh ngarendeng djeung sakola loehoer; diaranggapna koe djělěma leuwih loehoer ti Stovia.

Pirang² toean-toean anoe palintěr njaoerkeun, jen martabat kaloehoeran H. B. S. anoe di Nagara Walanda. Toeroeg² deuih mangpoeloeh-poeloeh tahoen teu tambah² reana, ngan tiloe bae.

Koering ingět keneh, sabaraha hesena toean² anoe palintěr djeung anoe baleunghar di Bandoeng, waktoe njoehoenkeun diajaan H. B. S. noměr 4.

Na ari geus datang mangsa tjoendoek waktoe mah, mani djoeldjol sigana teh! Tanggal 5 Juli tahoen 1919 mimiti moeka sakola A. M. S. anoe kahidji di Djogjakarta. Dina boelan Juli deui tahoen 1920 moeka A. M. S. anoe kadoea di Bandoeng. Kadjaba ti eta dina boela Juli tanggal 3 ngaděgkeun Sakola Loehoer deuih, nja eta Sakola Insinjoer, anoe djadi pěpěntolna sakola-sakola di ea-Hindia.

Djadi tanggal 3 Juli 1920 teh, hidji poē gěde kabina-bina keur oerang mah, oerang Hindia, nja eta poē anoe moal kapopohokeun djeung teu beunang dipopohokeun deuih. Sabab nja dina poē eta ngaděgna Sakola Loehoer noe kahidji, anoe baris djadi sagara elmoe di nagara oerang, djadi damar anoe njaangan sa-Hindia.

Ari diaděgkeunana eta sakola teh di Bandoeng, di sisi djalan ka Dago.

Děmi bangoenna estoening aneh. Beda ti sakola noe loembrah. Ieu mah bangoenna teh bangoen wawangoenan Asia toelen, tapi di djěrona tjara Koelon; kawasna didjieun pěrlambang ngahidjikeun Koelon djeung Wetan. Basa eta Sakola Loehoer tea diboeka, diloeoehan koe sakaberh pangagoeng: harita aja .... .... ....