Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

biantara piligenti, nja eta: Tocan VAN SANDICK anoe ngěmban saoer pakoempoelan noe ngadegkeun eta Sakola tea, njaeta pakoempoelan: Koninklijk Instituut voor Hooger Technisch Onderwijs in Nederlandsch-Indië; Professor KLOPPER, noe djadi rector magnificus eta Sakola Insinjoer, hartina Professor kahidjina. noe ngapalaan eta Sakola; Kangdjeng Toean Directeur Onderwijs djeung Eeredienst Kangdjeng Dalem Serang ngemban saoer oerang Priboemi djeung salian ti eta.

Sanggeus kabeh salasaoeran, toeloej eta Sakoela Loehoer diboeka koe Kangdjeng Toean Běsar Goepěrnoer-Djendral, GRAAF VAN LIMBURG STIRUM, bari ngalahir kieu:

„Ieu Sakola Loehoer jasana oerang Walanda anoe moelja kabina- bina; sarta woewoeh deui kamoeljaanana, sabab djadi tjonto koe oerang sarerea, koedoe daek noeroetan lakoe-lampah anoe sakitoe hadena.

„Ari kawadjiban anoe ajeuna disalanghareupan koe baroedak ngora Hindia, nja eta koedoe ngaramekeun ieu sakola jeung koedoe narembongkeun ka alam doenja, jen baroga kakoeatan djrang karěp pikeun noetoerkeun djalaning hiroep anoe ajeuna kakara měnga. Kalawan piwoeroek anoe djaradi Professor, maranehanana koedoe ngalampahkeun eta kawadjiban kalawan enja', sangkan di ahir bisa djadi Insinjoer anoe seungitna henteu eleh koe Insinjoer² Nagara Walanda djeung nagara lian.

„Paněda kami, moega sakabeh moerid² anoe kaloear ti ieu: Sakola Loehoer, tětěp mantěp resep kana saniskara elmoe anoe geus katampa ti dieu, sarta moega² woewoeh toewoeh kabeuratna ka Tanah Hindia, nja eta hidji tanah tempat pagawean anoe tanpa wangenin.

„Sakalian bari ngahatoerkeun salamna Kangdjeng Toean Besar Minister van Koloniën ka Toean Directeur, ka Curator djeung ka Professor², koe kami ieu Sakola loehoer ajeuna diboeka!"

Sakitoe dawoehanana Kangdjeng Toean Besar!

Rasa koering moal moebadir, di dieu ditjaritakeun, jen pangadjaran anoe ajeuna diadjarkeun ti eta Sakola Loehoer, kakara pangadjaran baris Sipil-Insinjoer bae. Ka hareup baris diwoewnehan deui koe pangadjaran² pikeun mijnbouw. irrigatie djeung sapapadana, nja eta pangadjaran anoe ngawoengkoel kana hidji roepa elmoe bae.