Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Gĕr bae saroerak para bopati, jen geus beunang saembara koe NJAI DEWI LARA KIDOEL.

Harita keneh NJAI DEWI LARA KIDOEL nagih pĕrdjangdjian ka Radja.

Raja mindĕl manahna hĕnteu doe'a boga mantoe bangsa silĕman: pendekna tjidra tina pĕrdjangdjianana, malah Radja njieun akal sangkanna oelah djadi.

Toeloej bae njieun deui saembara, tatapi geus kamanah koe NJAI DEWI LARA KIDOEL.

Saoerna: „Eh naha bĕt Radja tjidra, hĕnteu make hoekoem adil, tapi keun, koemaha ĕngke bae lamoen radja tjidra deui”.

Ti dinja Radja ngadawoeh deui saoerna: „Ajeuna, saha-saha noe bisa njieun parahoe pinggir ĕmas ditarapang koe intĕn, baris lalajaran, eta doea poetri djeung nagara sabeulah bakal dimilikkeun, karana goenana nja eta pikeun lalajaran panganten di sagara”.

Para radja taja hidji-hidji atjan anoe sanggoep, anging NJAI DEWI LARA KIDOEL noe sanggoepeun.

Ari saoerna: „Oepama Radja hamo tjidra deui mah, mangga, ieu anak koering sanggoepeun njieun parahoe”.

Saoer Radja: „Sae, koela hamo tjidra deui kana eta pěrdjangdjian”.

Ti dinja ladjěng NJAI DEWI LARA KIDOEL miwarang ka doea poetra ngadaměl eta parahoe, sarta koedoe tjotjog sakoemaha pamoendoetna Radja tea.

Katjarios eta doea poetra geus pada mios ka leuweung, malah geus prak njieun parahoe.

Katjatoerkeun para ponggawana poetra tea, wantoening bangsa silěman, ana barang těda, sok sagala sasatoan djeung sagala oraj ditarěda mani geus balatak toelang-toelang, bangke-bangke ngaboegbroeg.

Gantjangna tjarios, eta parahoe geus anggeus, djadi sapamentana Radja mantoe, didjaring koe iboe.

Sanggeusna ngangge eta parahoe, koe doea poetra těroes ditangkoebkeun, děmi maranehanana toeloej lapor ka iboena.

Koe NJAI DEWI LARA KIDOEL těroes dilajad eta parahoe, tetela geus anggeus sarta aloes; taja kakoerangannana.

Ti dinja NJAI DEWI LARA KIDOEL toeloej angkat ka nagara ngalaporkeun jen parahoe geus anggeus sakoemaha pamoendoet Radja.

Ari lahir Radja „Naha mana ajeuna parahoena djeung naha hěnteu diboektikeun ka hareupeun koela?”

Djawab NJAI DEWI LARA KIDOEL: „Hěnteu aja pěrdjandjian parahoe koedoe dibawa ka pajoeneun Radja, ngan koedoe njieun parahoe bae saoer andjeun”.

Radja teh kalah atoeran.

- 172 -