Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

NJAI DEWI LARA KIDOEL imoet dina djěro manahna djeung ngalahir: eta kana saembarana radja, hamo aja noe bisa něgoeh, lamoen hěnteu koe aing.

Ti dinja ladjěng bae andjeunna njipta doea moerangkalih paměgět sakěmbaran sarta karasep, kira-kira oemoer limawělas tahoen.

Sanggeus kitoe, eta doea poetra ladjěng koe andjeunna ditjandak ngadeuheus ka Radja, bade ngiring saembara.

Sadongkapna ka nagara, koe radja dipariksa, lahirna: „Aeh, NJAI DEWI LARA KIDOEL ngěrsakeun naon noe mawi soemping ka dieu?”

Djawabna: „Anoe mawi koering dongkap ka dieu, reh ieu gadoeh doea anak, manawi aja idin radja, koering sědja ngiring saembara: sarěng koering sědja naros, naon anoe baris dianggo toempang ti Radja oepama eta saembara kadjadian, katoedjoem”.

Walon Radja kieu: „Saha-saha anoe bisa njěboetkeun sarta katěgoeh eta noe roepa koeda sakěmbaran di awang-awang, tarohna nagara sabeulah rawoeh eusina djeung dipasrahan doea poetri pigarwaeunana sarta didjěněngkeun radja di dieu”.

Djawab NJAI DEWI LARA KIDOEL: „Lamoen kitoe mah, noehoen, ari ti koering ieu, doea anak lalaki sakěmbaran tarohna”.

Walon Radja kieu: „Sae, teu aja pamběngan”

Barang geus isoekna, di poë Djoemaah, kira-kira těngah poë geus sajagi di papanggoengan, bade saembara.

Radja-radja sarawoeh para bopati geus pada koempoel sadaja, soemawonna NJAI DEWI LARA KIDOEL, sarěng doea poetra geus djagrag di papanggoengan.

Lahir Radja: „Mangga, ajeuna geura taroedjoem, naon itoe noe saroepa koeda sakěmbaran di awang-awang teh?”.

Para radja sadajana tětěp njarěboetkeun koeda bae noe aja di awang-awang teh, pedah roepana djeg koeda.

Lahir NJAI DEWI LARA KIDOEL: „Eta sadajana salah, lamoen njarěboetkeun koeda, karana bisi teu aroeninga, eta noe disaembarakeun koe Radja, ieu kabeh bopati hamo aja noe bisa měněran naroedjoemna, ngan koering anoe pibisaeun. Ajeuna koering něda disaraksian koe sadajana arek norah noe siga koeda di awang-awang, tapi panoehoen koering, Radja poma oelah tjidra tina djangdji; ajeuna koe koering rek disěboet”.

Sadajana para radja oendjoek soemangga, sědja njaksian.

Lahir NJAI DEWI LARA KIDOEL: „Bisi teu aroeninga, itoe koeda sakěmbaran di awang-awang sateměnna lain koeda hedjo sambarani, tapi tina kapintěranana Radja Madjapait, ari saěnjana mah, eta teh mega bodas, ditjipta koe Radja, diroepakeun koeda hedjo sambarani, asal tina mega poetih ”.

Sanggeus ditoedjoem, lěs bae leungit noe roepa koeda teh, teu aja, ilang tanpa karana,