Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kana kasaktianana NJAI DEWI LARA KIDOEL, wantoening pada gagahna.

Enggalna, eta doea poetra, ladjĕng bae koe Radja dikěboet koe djimat poesaka, ditjipta; geus djadi doea sato sakěmbaran, tapi tatjan aja ngaranna.

Tĕroes bae eta doea sato djaloe laloempatan ka leuweung, moeroe ka iboena, barina njoeoeh děpa nararangis di pajoeneun iboena.

NJAI DEWI LARA KIDOEL, barang ningali ka doea poetra, kageteun pisan, reh geus djadi doea sato djaloe sakěmbaran, lahirna: „Beu, tjilaka anak aing ajeuna katěnoeng koe Ratoe Madjapait, hianat kabina-bina. Tapi keun bae, ĕngke aing rek males”.

Sanggeus sasaoeran kitoe, ladjeng bae NJAI DEWI LARA KIDOEL njandak djimat saroepa tjaoe lampeneng sapasang, diteunggeulkeun koe andjeunna ka doea poetra; geus djadi tarandoekan sarta tjarakĕp pisan.

Lahir Iboena: „Ajeuna maraneh oelah njarĕri hate djeung montong harajang djadi djělěma deui, koedoe tětěp djaradi moending pikeun goemělar ka anak poetoe, di ahir mangke djadi ingon-ingon di boeana kabeh; děmi ngaran maneh nja eta „moending”, tětěp, sampalanana di leuweung atawa di těgal”.

Sanggeus kitoe, NJAI DEWI LARA KIDOEL bidjil napsoe; tĕroes bae asoep ka nagara sarta njliěman, teu kaoeninga koe Radja atawa koe anoe lian.

Barang soemping ka padalĕman, para poetri kasondong keur tjaralik.

Doemadakan eta doea paetri laloengsoer ka latar djeung ĕmban.

Geus kitoe, dihin pinasti anjar pinanggih, geus nĕpi kana takdirna poetri, jen koedoe djodo ka eta doea moending tea.

Enggalna, dikĕboet koe djimatna NJAI DEWI LARA KIDOEL eta doea poetri geus djadi moending bikang sakěmbaran. Těroes laloempatan ka leuweung sarta di leuweung geus tĕpoeng djeung moending djaloe sakembaran.

Gantjangna, ĕnggeus ngadjodo.

Djadi tětěp toeroen-toemoeroen něpi ka djaman ajeuna.

Děmi Radja Madjapait, barang geus oeninga, jen poetrana geus djadi sato, kantoen ngangloeh, ngan emoet kana takdirna.

Ari ngalawan pĕrang, teu wani, wantoening ratoe siloeman, lain lawaneun manuesa, tĕpi ka djaman ahir tan keuna paeh.