Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/152

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

32. BABAD WAJANG-POERWA.

Noeroetkeun tjarita dina boekoe Djawa, wajang-poerwa teh ngagambarkeun djeung ngalalakonkeun: Batara Goeroe djeung dewa² anoe sedjen, nja kitoe deui para widadari, para ratoe, para satria, para pandita, boeta², monjet² djeung para ponggawa nĕpi ka djaman PREBOE DJAJABAJA, Radja Mamĕnang, katoet para poetra, djeung santana saponggawana noe ngadjamanan PREBOE DJAJABAJA tea.

Ari awitna aja wajang-poerwa, tjek boekoe Djawa mah kieu: waktoe PREBOE DJAJABAJA djoemĕnĕng radja di Mamĕnang, nja eta dina tahoen soerja 861, andjeunna hojong ngadamĕl gambarna sadaja para loeloehoerna; barang djadi nja dingaranan wajang-poerwa. Ari pĕtana ngagambarna ngan rarantjangna bae dina daoen lontar nekin tina artja, digambar njanghareup.

Waktoe RADEN PANDJI KASATRIAN djadi Radja Djĕnggala, djoedjoeloek PREBOE SOERJA MISENA, andjeunna hojong ngawangoen deui wajang-poerwa anoe leuwih djangkoeng soeroep kana dĕdĕg-pangadĕgna, nja masih dina lontar bae ari ngagambarna mah. Mimiti ti harita wajang-poerwa sok make tatabeuhan, nja eta salendro; sarta make dikakawenan koe tĕmbang gĕde; gambarna diwadahan koe kandaga; ari dipakena ngan dina pasamoan gĕde bae; anoe ngadalangna PREBOE SOERJA MISENA koe andjeun. Harita tahoen Soerja 1145.

Saroeksakna Djanggala koe bandjir, PREBOR SOERJA MILOEHOER toeloej ngoelon djoemĕnĕng radja di Padjadjaran kasilih wawangina PREBOE MAESA TANDREMAN, andjeunna ngĕrsakeun ngomean wajang-poerwa tea, pokona nja bangoen wajang Djanggala tea bae, ngan didjangkoengan digĕdean meueusan dipapantĕs disoesoeroep; digambarna lain dina lontar ajeuna mah tapi dina daloeang. Harita tahoen soerja 1166.

Waktoe RADEN DJAKA SOESOEROEH djadi Radja Madjapait, djoedjoeloek PREBOE BRANATA, nja eta dina tahoen soerja 1283, ngadamĕl wajang-poerwa dina daloeang, digoeloengkeun didjieun sagoeloeng, sarta diwoewoehan oenak-anikna; dingaranan: wajang-beber, Dina waktoe ngalalakonkeun hidji lalakon, eta gambar dibeberkeun. Ari tatabeuhanana biasana ngan rĕbab bae woengkoel, tapi radjeun oge make salendro.

Gawena wajang-beber pikeun ngaroeat anoe kawalat, tjaraning: anoe motongkeun laki pipisan atawa pipisanana, ngaroeboehkeun seëng djeung salianna ti eta, kabeh geus ditataan dina pakĕm bab ngaroeat.

Kotjapkeun PREBOE BRAWIDJAJA I di Madjapait kagoengan poetra anoe wasis kana nekin, djĕnĕnganana RADEN SOENGGING PRABANGKARA, ditimbalan ngadamĕl gambar papakean