Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/153

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

wajang-beber, ditjet warna-warna, sarta gambarna: (wajangna) lain digambar ti hareupna, tapi ti gigir, bangoen djĕlĕma noe njanggigir. Digoeloengkeun sagoeloeng-sagoeloeng, sarta dina sisina make kai, pambrihna ngarah beunang ditantjĕbkeun dina kai parantina, anoe geus beunang ngahadja ngaliangan; djadi salilana eta wajang keur dilalakonkeun bisa tĕroes meber bae nantjĕb dina kai tea. Harita mĕnĕran tahoen Soerja 1301.

Waktoe RADEN PATAH djĕnĕng Radja di Dĕmak, kasilih wawangi SOELTAN SAH ALAM AKBAR, nja eta dina tahoen tjandra 1437. Harita mimiti oerang Djawa njarĕkĕl Agama Islam. Kangdjĕng Soeltan katjida kasĕngsĕmna koe lagoe kawitan djeung koe wajang-beber. Lantaran gambar djĕlĕma dilarang koe sara Agama Islam, djadi gambar wajangna dirobah, hĕnteu disigakeun gambar djĕlĕma tjara dina wajang-beber beunang SOENGGING PRABANGKARA tea, da bisi ngalanggar tjĕgahing sara. Para wali kabeh ngabantoean njarieun wajang tea. Ari anoe didjieun lain daloeang, koelit. Tapi djaman harita mah tatjan ditatah, ngan oekoer dipoelas koe toelang beunang ngarieus, beungeutna dipoelas koe hideungan ngarah siga hiroep; ditekinna ti gigir: boeta matana doea; ari wajang sedjen mah matana ngan hidji bae: leungeunna ngahidji djeung awakna, sarta make didjĕpit sakalian didjieun gagang pikeun nantjĕbkeun. Dĕmi atoeran nantjĕbkeunana dibereskeun noeroet djangkoeng-pĕndekna wajang, disĕboetna ditata, ari koe basa Djawa disĕboetna disimping.

SOENAN GIRI nambahan gambar wajang anggitanana koe andjeun, nja eta monjet make panon doea tjara boeta.

SOENAN BONANG nganggit gambar: gadjah, koeda djeung rampog.

SOENAN KALIDJAGA nganggit: kĕlir, gĕbog djeung balintjong.

Soeltan Dĕmak nambahan koe nganggit goenoeng noe sok ditantjĕbkeun dina tĕngah² kélir tea. Sarta pĕta-pĕtana nata wajang dina kĕlir (gĕbog) kentja djeung katoehoe, soepaja meudjeuhna keur ngawajang sapeuting. Dĕmi tatabeuhanana salendro.

Wajang-beber hĕnteu leungit, tĕtĕp bae aja, djadi tatanggapan abdi-abdi. Tapi ari djaman ajeuna mah geus beunang disĕboetkeun euweuh bae.

Harita, waktoe wajang didjieun djeung dipĕpĕkan kitoe, mĕnĕran tahoen tjandra 1443.

Waktoe RADEN TRENGGANA djadi Soeltan Dĕmak, nja eta tahoen tjandra 1447, djoedjoeloek SOELTAN SAH ALAM AKBAR anoe ka 3, ngarobah deui wajang-poerwa, nja eta beungeutna dikantaan koe tatah-koekoe, nja kitoe deui panonna djeung soengoetna. Harita tahoen tjandra 1477.

Alam SINOEHOEN RATOE TOENGGOEL di Giri ngawakilan

- 176 -