Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Soeltan Dĕmak, njaeta dina tahoen tjandra 1480, andjeunna ngarobah deui bangoenna wajang-poerwa, nja eta rada dipĕndekan, wajang awewe boeoekna digĕloeng-gaplekkeun, make djamang, kangkaloeng djeung anting, kilat bahoe djeung korontjong, wajang lalaki oge aja anoe ngaroendaj boeoek nĕpi kana taktak, digĕloeng-gaplekkeun, aja anoe digĕloeng sarta make papakean sedjen: djamang djeung salianna papakean radja kapoetran, dewa djeung boeta; wajang monjet make tjawĕt tjara artja, Kadjaba ngatoer wajangna ngatoer lalakonna deuih djeung nganggit kakawenna djeung kapĕrloean wajang lianna ti eta. Barang geus anggeus samakta sagalana, eta wajang dingaranan wajang-kidangkantjana. Harita tahoen tjandra 1478.

Dina tahoen tjandra 1485 SOENAN GIRI nganggit wajang gĕdog, bangoenna tjara wajang-poerwa bae, ngan gĕloeng soepithoerangna dipitjeun, saria kabeh marake kĕris; ari anting, geulang djeung kangkaloeng, eta oge masih marake (di Djokjakarta wajang gĕloeng teh marake ikĕt); boeta djeung monjet teu aja; ari kasabranganana: Prĕboe Kalana make balad Boegis marake ikĕt ĕlisna diboeleudkeun. Ari anoe didjieun lalakon mĕtik tina boekoe Pandji sapeutingeun-sapeutingeun; tatabeuhanana pelog, ari ngakawenanana disoeroepkeun kana tatabeuhan lĕbah, gangsal nĕm djeung barang, ngaranna gardjita watang, manggala gita, midjil djeung magatroe.

Dina tahoen tjandra 1486, SOENAN BONANG nganggit wajang beber-poerwa; tatabeuhanana: rĕbab, kĕndang, tĕrĕbang, angkloeng, kĕnong sarĕng kĕtjrek; eta wajang katĕlahna wajang beber bae, tatabeuhanana disĕboet katiprak.

Waktoe RADEN DJAKATINGKIR djadi Soeltan Padjang. djodjoeloek SOELTAN ADIAWIDJAJA, nja eta dina tahoen tjandra 1503, andjeunna ngarobah bangoenna wajang-poerwa, babakoena pisan ngaganti roepa papakeanana, nja eta dipasing-pasing sarta dipapantĕs papakeanana para ratoe, para satria, para ponggawa djeung balad-balad, marake dodot djeung tjalana, atawa make dodot teu ditjalana koemaha pantesna bae; ari boeta jeung monjet anggĕr make tjawĕt panonna doea; para dewa wajangna tjara artja ngaboleger teu make badjoe; wajang awewe boeoekna nga­roendaj nĕpi kana lĕbah tjangkeng. Djeung make ditambahan pakakas: gada, bindi djeung toja. Leungeunna masih ngahidji djeung awakna. Ari bangoenna djeung oekoeranana anoe didjieun patokan wajang-kidangkantjanna. Jasa Soeltan Dĕmak tea, nja eta palĕmahanana ditambahan satĕngahna. Mimiti wajang-poerwa djeung wajang-gĕdog ditatah gajaman dina tahoen tjandra 1505.

SOENAN KOEDOES nganggit wajang-golek bangoenna njoetat tina wajang-poerwa tea, nja kitoe deui lalakonna nja lalakon

— 177 —