Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

wajang-poerwa bae, tatabeuhanana saroea salendro; ngan paranti ngawajangna henteu make kĕlir, make gantar tjara sampajan, papanggoengana hĕnteu make gĕbog, anoe dipake kai diliangan pikeun tĕmpat nantjebkeun wajang. Babakoena keur tanggapeun ti beurang.

Dina tahoen tjandra 1506, Soeltan Padjang ngadamĕl pakĕm wajang-poerwa djeung wajang-gĕdog.

Dina djaman PANEMBAHAN SENOPATI HINGNGALOGO djoemĕnêng Radja Mataram ngawangoen wajang-poerwa, bahanna wajang boeatan Padjang tea, digĕdean ti asal; boeoek djeung dodotna ditatah batikna limar atawa tjinde, oenggal wajang dipasieup dipapantĕs. Salian ti kitoe andjeunna ngadamĕl wanda wajang anoe bakoe: Ardjoena wandana djimat; Bima wandana mimis, hĕnteu didodot ngan ditjawĕt bae. Kadjaba ti eta andjeunna nambahan parabot wajang, kajaning: sato leuweung djeung sabangsana. Ari leungeunna mah harita oge masih ngahidji keneh djeung awakna. Sanggeus rengse ngawangoenna wajang toeloej disangkalaan koe sangkala-mĕmĕt: gambar Batara Goeroe njĕpĕng tjis, ditoekangeunana make oemboel-oemboel nantjĕb. Eta sangkala maksoedna kieu: dewa djadi ngĕtjis, tĕgĕsna tahoen 1541.

Dina djaman Kangdjĕng Sinoehoen Prĕboe Hanjakrawati anoe poepoes di KarapjaK tea djadi Radja Mataram andjeunna ngawangoen deui wajang-poerwa, babonna wajang-kidangkantjana tea, gèdena wajang njaeta wajang asal digĕdean satĕngah make patokan lĕbah palĕmahanana: Ardjoena wandana djimat, Bima wandana mimis. Soejoedana djangkoeng, Radja boeta barong sarta sabaladna marake mata doea, leungeunna anoe toekang ngahidji djeung awakna. Pakakas pĕrang ditambahan deui: kĕris, panah djeung sapapadana. Ti harita mimiti wajang-poerwa leungeunna leungeun-gantel, ngan Batara Goeroe bae hidji anoe leungeun-maneuh teh, dihadja minangka, djadi pengĕt kana jasana Mataram kahidji. Barang anggeus toeloej disangkalaan koe sangkala-mĕmĕt, gambar boeta-peling, leungeunna leungeun-gantel doea, matana hidji, njoren kĕris, dina padalangan Djawa disĕboetna Dĕnowo Panjareng, ari loembrahna sok disarĕboet Boeta Tjakil, di Tjirĕbon disarĕboetna Kala Njoengir, lantaran sihoengna eta ti hareup ka loear ngaliwatan biwir loehoer; ari maksoedna eta sangkala; leungeun boeta tataning djalma, tĕgĕsna tahoen 1552.

Barang Soeltan Agoeng Prĕboe Tjokro Koesoemo djadi Radja Mataram, andjeunna ngadamĕl wajang-poerwa, Baladewa wandana geger, Krĕsna gĕndreh, Ardjoena mangoe, wajang anoe dangah rada ditoengkoelkeun meueusan tapi panonna djait. Soembadra bangoenna djalantir. Banowati wandana golek tĕgĕsna

— 178 —