Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngeusi djeung singĕr, Sĕmar wandana brĕbĕs, Bagong wandani giloet, Petroek (Si Dewala) wandana djlĕgong.



33. NJI POENIANDJOENG DJEUNG MONJET MANDAH.

(VOLKSLECTUUR No. 154).


Katjarios aja sahidji poetri djĕnĕnganana NJI POENIANDJOENG.

Eta poetri, poetra radja, geulisna kabina-bina, kasohor ka mana-mĕndi tina kageulisanana. Dina keur djaman harita para poetri hĕnteu aja noe ngoengkoelan.

Dĕmi iboe-ramana geus paroepoes, djadi ngan kari andjeunna bae, noenggĕlis.

Ari padamĕlanana hĕnteu aja lian ti ngeujeuk.

Ka eta NJI POENIANDJOENG geus rea pisan para radja noe nanjaan, tapi andjeunna tatjan kĕrsaeun tjarogean, sabab tatjan aja anoe soeroep kana manahna.

Katjarioskeun dina waktoe harita aja hidji ratoe monjet, ngaranna GOEROE MANDAHONG, boga doeloer awewe sahidji, ngaranna si SAIDEUH.

Eta ki GOROE MANDAHONG kaedanan koe poetri NJI POENIANDJOENG. Moen ti beurang tara pati baranghakan, ti peuting sok tara hees koe bangĕting bogoh ka poetri, pikirna hajang ngalamar.

Geus kitoe, njaloekan ka adina awewe, anoe ngaran si SAIDEUH tea, pokna: „IDEUH, ajeuna aka rek mĕrih pati menta gawe ka awak maneh, daek, teu daek, koedae daek, panglamarkeun koe maneh NJAI POETRI POENIANDJOENG, sabab ajeuna aka geus hajang boga pamadjikan ka poetri geulis”.

Si SAIDEUH ngadjawab bari djeung ngawih, pokna:

„Adoeh-adoeh, kang MANDAHONG, deuh,
Koela mah teu sanggoep teuing, deuh,
Nanjaan ka noetra radja, deuh,
Rea papatjanganana, deuh,
Mo daekeun, mo soekaeun, deuh,
Da aka mah ratoe monjet, deuh,
Loba keneh bangsa ratoe, deuh,
Noe palaj ka POENIANDIJOENG, deuh”.

GOEROE MANDAHONG ngambĕk ka adina bari ngomong, pokna: „Eh, SAIDEUH, naha sia teh rek baha ka aing? Bĕt loba teuing omong; hajoh, ka ditoe sia geura indit, lamoen teu daek, mangke sia dipaehan koe aing”.

Si SAIDEUH tjeurik, sieuneun dipaehan koe lantjeukna.