Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Toeloej indit maksakeun maneh rek ngadeuheusan ka NJI POENIANDJOENG.

Ana datang, kasampak keur ninoen. Toeloej bae manehna poepoentěnan bari ngawih.

Kieu kawihna:


„Sampoera soen něda maap, deuh.
Agan poetri aja tjalik, deuh.
Soeganna kěrěsa nampi, deuh.
Koering amit rek ngadeuheus, deuh".

Poetri ngareret ka si SAIDEUH, saoerna: „Aeh, aeh, bět si SAIDEUH, naha bět maneh sisinarieun teuing, loemanto ka lěbah dieu tara-tara ti sasari: arek naon sia SAIDEUH, mana njampeurkeun ka aing?"

SI SAIDEUH pok hatoeran; ana ngomong salawasna sok bari ngawih, wangsotina:


„Sim koering agoeng panoehoen, deuh.
Gan poetri celah rek běndoe, deuh.
Koering dioetoes koe doeloer, deuh.
Kakang Goeroe kang MANDAHONG, deuh.
Manawi kersa ngamanah, deuh.
Kang MANDAHONG hajang nikah, deuh.
Ka kěrěsa agan poetri, deuh.
Sakitoe pihatoer koering, deuh".

Poetri teh goemoedjeng bari sasaoeran ka si SAIDEUH, saoerna: „Aeh, aeh, SAIDEUH, koetan sia teh dititah nanjaan koe si MANDAHONG, aing mah teu njana teuing. Bisi sia henteu njaho para ratoe oge geus loba pisan anoe ngalamar ka aing. parandene tatjan aja noe ditampa, sakitoe teh nja eta tatjan aja anoe tjotjog djeung hate aing. Ieu deui, doeloer maneh si MANDAHONG, mandah monjet, bangsa sato, hamo ěnja ditampa koe aing.

„Los, ajeuna mah sia geura balik, bedjakeun ka doeloer sia, koe aing hanteu ditampa".

Ti dinja si SAIDEUH toeloej balik njampeurkeun ka lantjeukna deui, arek poepoelih.

Barang datang, katendjo koe si MANDAHONG, toeloej bae diboeroe, dipapagkeun pokna: „IDEUH, meunang, IDEUH, meunang?"

Si SAIDEUH pok bebedja bari ngawih:


„Kakang Goeroe kang MANDAHONG, deuh.
Tong hajang ka poetri geulis, deuh.
Loba papatjanganana, deuh.
Monjet mah hanteu ditampa, deuh.
Koela mah teu sanggoep maksa, deuh.
Erana kabina-bina, deuh.
Poetri teh bangsa manoesa, deuh.
Lain pitandingeun aka, deuh".