Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/159

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Geus kitoe, si MANDAHONG beuki amběk bae ka doeloerna doemeh NJI POENIANDJOENG teu daekeun, njarekan nitah indit deui barina endjer-endjeran ka adina, pokna: „Aeh, SAIDEUH, los sia geura balik deui ka Nji Poetri, bedjakeun tjarek aing: „lamoen NJI POENIANDJOENG hanteu daek kawin ka aing, mangka tangtoe diroeroegan, diroeksak koe sabalad-balad aing, djělěmana dipaehan, nagarana dirandjah, diawoet-awoet.

„Los sia geura indit, koe kitoe koe kieu aing menta walonanana. Ti dinja si SAIDEUH poerat-perot loempat barina tjeurik, sieuneun koe si MANDAHONG. Toeloej ngadeuheus deui ka NJI POENIANDJOENG.

Sadatang-datang, prak bae oendjoekan deui, dihatoerkeun sakoemaha parentah doeloerna, hanteu aja noe kaliwat; barina djeun ngawih tjara noe ĕnggeus-ĕnggeus bae.

NJI POETRI POENIANDJOENG reuwaseun katjida. Sieuneun dirandjah djeung dipaehan, gangtjang ngadjawab, saoerna: „Bet SAIDEUH, ari keukeuh teuing mah ki MANDAHONG hajang ka aing, hade koe aing ditampa. Tapi aing aja pamenta, lamoen katědoenan pamenta aing, boekti, tangtoe ki MANDAHONG di tarima koe aing, tapi lamoen teu bisa boekti, tangtoe bědo, koe aing mo ditarima.

„Ajeuna koe sia geura bedjakeun: aing menta bokor ěmas salongok, talěm satoendjang, peudjit reungit sabeulit-leuit, podol tongo saboboko; eta koedoe boekti pamenta aing noe sakitoe. Djig sia, geura indit”.

Gantjangna si SAIDEUH toeloej balik; bebedja deui ka doeloerna, kieu pokna:

„Kakang Goeroe kang MANDAHONG deuh,
Tong hajang ka poetri geulis, deuh,
Loba pisan pamentana, deuh,
Koela mah sok soesah teuing, deuh,
Talĕm ĕmasna satoendjang, deuh,
Peudjit reungit beulit leuit, deuh,
Podol tongo saboboko, deuh,
Moen teu sanggoep noe sakitoe, deuh,
Lamoen njata sapamenta, deuh,
Tangtoe laksana ka kaka, deuh”.

KI MANDAHONG seuri barina njakakak djeung soesoerakan omongna: „haha, IDEUH meunang. Pamenta sakitoe-kitoe bae mah, tai tjeuli katjang damen, aka oge sanggoep, tong dipake karisi-kasieun koe IDEUH, keun, koe aka rek disadiakeun”.

Sanggeus kitoe, wantoening monjet ratoena, toeloej ki MANDA

― 181 ―