Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/160

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

HONG gendongan ngoempoelkeun sabalad-baladna, nja eta dititah ngajakeun sapamentana NJI POENIANDJOENG.

Ti dinja boeroedoel monjet sapirang-pirang, pada ararindit, masing-masing njajab ka oenggal nagara njiar barang sapamentana NJI POENIANDJOENG.

Henteu koengsi lima poě lilana, balad monjet geus pada daratang deui, sarta geus sadia sapamentana NJI POENIANDJOENG: geus ngadjagrag di hareupeun ki MANDAHONG.

Ki MANDAHONG katjida atoheunana mani djidjingklak tjatjalakatakan seuri. Geus kitoe, toeloej manehna nitah deui ka adina, si SAIDEUH, soepaja dilaporkeun ka NJI POENIANDJOENG, jen geus sajagi sapamentana.

Si SAIDEUH těroes indit rek ngadeuheus ka NJI POENIANDJOENG.

Barang datang ka NJI POENIANDJOENG, teu koengsi dipariksa deui, téroes bae hatoeran sakoemaha papatah lantjeukna tea, ki MANDAHONG, jen pěrkawis pamoendoet enggeus sajagi.

Děmi saoer NJI POENIANDJOENG: „Aeh, aeh, SAIDEUH, aing mah teu njana teuing ki MANDAHONG, ratoe monjet, něpi ka bisa nědoenan kana sapamenta aing. Satadina aing teh poera-poera bae soepaja oelah datang ka ngadjadi, tatapi ajeuna nja dikoemahakeun, da geus milik hidajat aing ari geus teu beunang mah disingkiran, teu beunang koe akal".

NJI POETRI POENIANDJOENG sadjeroning sasaoerna kitoe ka si SAIDEUH bari mikir-mikir bae neangan pidjalaneun, soepaja oelah něpi ka ngadjadi tjarogean ka ratoe monjet.

Harita enggeus kamanah, ngan teu kědal ka loear.

Ladjeng bae miwarang moelang ka si SAIDEUH, saoerna: „Ajeuna geura prak bae maneh balik, bedjakeun deui ka ki MANDAHONG, eta barang-barang sapamenta aing tea, koedoe geura sadiakeun, djeung aing geura papagkeun koe djoli kantjana ĕmas, arek datang ka těmpatna ki MANDAHONG".

SI SAIDEUH toeloej indit balik gagantjangan. Ana datang, toeloej bebedja ka lantjeukna, ditjaritakeun sakoemaha timbalanana NJI POENIANDJOENG.

KI MANDAHONG sakalangkoeng grahitana goemira atoh katjida ngomong bari soesoerakan, pokna: „IDEUH, meunang, IDEUH meunang", bari toeloej njěloekan balad-baladna dlkoempoelkeun; kabeh sosoak djeung gogoak.

Balad monjet mani raboel rewoe-rewoe pating garoentajang taroeroen tina tangkal kai; geus pada koempoel di hareupeun ki MANDAHONG.

Sanggeusna karoempoel kabeh sarta geus sadia djolina, toeloej bae mapag POETRI POENIANDJOENG.

- 182 -