Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Děr monjet saloesoerakan rame katjida pesta, mani ear ting rarěgoh, tingkarotjeak, tingrarindat, hareureuj djeung batoer-batoerna; aja noe ngigěl rerengkenekan, aja noe babadajaan, pěpěutjaan roepa-roepa saking koe miloe saroeka ka ratoena rek karoengan geureuha poetri.

Hěnteu ditjatoer lilana, katjarios NJI POETRI POENIANDJOENG geus djěngkar ti nagarana sarta geus něpi ka těmpatna ki MANDAHONG.

Barang geus tětěp tjalikna, poetri njarios ka ki MANDAHONG hojong toeroen bantajan iring-iringan ka leuwi sipatahoenan bade ngěrsakeun siram. Kitoe deui eta sagala parabot, pamoendoet andjeunna tea, koedoe dibawa iring-iringan ka leuwi sipatahoenan.

Gantjang tjarita, tina sabab ki MANDAHONG kaboeroe koe asih, hěnteu djeung dipikir heula kawantoe sato, toeloej bae ditoeroetkeun sakahojongna NJI POENIANDJOENG, gěr iring-iringan deui ka leuwi sipatahoenan.

Barang geus datang ke leuwi sipatahoenan, prak Nyai Poetri lalajaran paparahoean ka těngah leuwi.

Ari keur di těngah-těngah leuwi, sabot ki MANDAHONG bongol bokorna diragragkeun koe poetri sahidji; api-api kalesotan tina pananganana.

Geus kitoe, NJI POENIANDJOENG ngadjěrit, sasambat moendoet dipangneuleumankeun bokor noe ragrag ka leuwi.

Balad monjet pada goegoep tingkalějěboer ka tjai: monjet rewoe-rewoe padu nareuleuman bokor, tapi wěleh hěnteu beunang. Malah taja hidji-hidji atjan monjet anoe bisa moentjoel deui těroes bae titeuleum paraeh saking koe djerona leuwi, datang ka ngan kari ki MANDAHONG sorangan djeun si SAIDEUH noe masih hiroep keneh; balad-baladna mah geus beak paraeh.

NJI POENIANDJOENG poera-poera nangis bae, menta dipangneuleumankeun eta bokor ka ki MANDAHONG, saoerna: „Ki MANDAHONG, geura tjokot bokor koering, mangke oerang pangantenan tea, da lamoen bokor teu beunang, hamo toeloes pangantenan”.

Gantjangna, ki MANDAHONG goegoep ngadenge saoer poetri sakitoe manisna, rasana dipikaasih, gedjěboer bae ninggangkeun maneh ka leuwi: kěrělěp titeuleum, datang ka paehna.

Ngan tinggal Si SAIDEUH sorangan, tjeurik adoeh-adoehan. Sasambat ka doeloerna, kieu tjeurikna:

     „Adoeh-adoeh kang MANDAHONG,   deuh.
     Mana tjarek koela oge,         deuh.
     Tong hajang ka poetri geulis,  deuh.
     Poetri mah sok kaniaja,        deuh.
     Koemaha ajeuna koela,          deuh.
     Mo aja noe mikanjaah,          deuh.