Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/162

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
Da doeloer geus dipaehan, deuh,
Koela pahatoe pisan, deuh”.

NJI POENIANDJOENG hawatireun ka si SAIDEUH, doemeh katingali tjeurik bae, saoerna: „Ih, SAIDEUH, meugeus, sia oelah tjeurik teuing, keun bae doeloer eta mah, si MANDAHONG, da geus paeh. Bonganna sorangan sok hěnteu nalipak maneh, hěnteu lajak, teu pěrěnah, poegoeh monjet make bogoh ka djělěma.

„Ari sia mah, anggoer miloe bae djeung aing, mangke koe aing dipikanjaah”.

Ti dinja, toeloej si SAIDEUH dibawa milih koe NJI POENIANDJOENG ka nagarana, djadi tětěp si SAIDEUH salawasna didaměl ingon-ingon andjeunna sarta itjeus katjida, ngarti kawas adat djělěma bae.

Děmi poetri NJI POENIANDJOENG, lami-lami, katjarioskeun, di lamar koe hidji ratoe ti Alas peuntas didaměl pawarang sarta djoemĕnĕng radja istri.

Sakitoe, taja ladjĕngna.



34. KORONTJONG.

Sakoer anoe rěsěp njanjabaan ka kota² galěde tangtoe geus minděng ngadenge djeung mireungeuh anoe maroën korontjong, oepadi di Batawi mah, da di dinja mah ti baheulana oge geus rea anoe rarěsěpeun katjida kana ngorontjong. Di park-park, nja eta těmpat pikeun pělělěsir njěněngkeun hate, sok diajakeun ngadoe korontjong. Koe sabab eta geus moal boa, tangtoe aja pigoenaeunana eta hal korontjong ditjaritakeun di dieu sadjarahna.

Kapoeloan Hindia-Wetan teh tjara Nagara Hindoe bae, ti babaheulana keneh geus kamashoerkeun ka boeana Eropa, jen nagara beunghar taja kakoerang, rea kětan rea kěton, gěmah ripah loh djinawi. Roepa² bangsa lir oepama papintěran paheula-paheula ka Hindia-Wetan, sarta pada nareangan djalan anoe pangdeukeutna, mambrih oelah gěde teuing ongkosna, djadi tangtoe batina leuwih moetjěkil. Dina djaman harita anoe djadi dajeuhna pasar hasil Hindia aja doea, nja eta kota Venisia di Italia djeung Istamboel deuih, nja eta dajeuhna karadjaan Toerki.

Lantaran tjěngěng atina djeung pěrtjaja kana dirina, běběng sarta gěmblěng alihtiarna, nja dina awalna windoe anoe kagěněpwělas, orang Pěrtěgěs bisa manggihan djalan ka Hindia-Wetan. Ari maratoehna di kota Djakětra, ajeunana nja kota Batawi. Oerang Pěrtěgěs tjampoer ngahidji pisan djeung oerang Priboemi, miloe bětah di Djakětra, něpi ka reuaj roendajan anak-anak baranakan Toeroenanana disarěboetna Moestiza; ari koe oerang Walanda di-