Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/163

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sěboetna Mestiezen; nja anoe njaritjingan Pěndjaringan, Roea Malaka, kampoeng Bandan, kampoeng Moeka djeung salian ti eta.

Daratangna oerang Pěrtěgěs ka poelo Djawa, lain oerang Pěrtèges woengkoel, tapi marawa matros² Hindoe, nja eta oerang Goa, da harita Goa teh geus djadi bawahanana oerang Pěrtěgěs. Oerang Goa lolobana těroes maratoeh bae di Djakětra; děmi adat djeung tjarana naroeroetan djoeraganana tea bae, oerang Pěrtěgěs; sarta pada ararasoep Agama Christen. Salian ti oerang Goa aja deui bangsa Christen anoe harita maratoeh di Djakětra, nja eta oerang Ambon djeung Banda.

Roepa² tatabeuhan parabot moesik bawa oerang Pěrtěgěs sok ditarabeuh koe maranehanana, kajaning: biola, soeling, tamboer .. dj.s.t. Aja saroepa tatabeuhan anoe meh saroepa djeung Gitar, nja eta korontjong tea. Ari didjieunna hěnteu make parabot hade, ngan koe leungeun bae; anoe didjieun kai, ngaranna ahorn; make kotak-sora, make beuheung djeung beuteung deuih koe papan, talina 5. Ari ditabeuhna: talina diteueulkeun koe ramo leungeun kentja, ramo leungeun katoehoe anoe mětenna Tah kitoe asal-asalna noe matak dingaranan korontjong.

Lagoe bawa oerang Pěrtěgěs teh roepa² pisan; tapi anoe pangngeunahna toer babari ditabeuhna dina korontjong mah ngan sahidji, Koe oerang Priboemi, eta lagoe diseboet lagoe korontjong-handap, atawa pondokna lagoe korontjong. Ari oerang Pertěgěs mah njěboetna eta lagoe teh moresco. Lagoe moresco rada saroepa djeung lagoe oerang, bangsa Wetan.

Oerang Christen anoe kaseboet tadi katjida rarěsépennana kana korontjong djeung moresco; lantaran eta lagoe pondok djeung senggolna soeroep pisan kana pantoenan, sindir Malajoe. Ana ngorontjong maranehanana sok manjanji patembalan. Mimiti noe saoerang manjanji doea padalisan ...... toeloej ngaranděg. Sabot ngaranděg, lawanna mikiran pitěroeseunana pantoenan tea, sabab eusina sindir mah babakoena beunang neangan djeung njoesoeroep harita. Tah lilana ngaranděg pangomberan lagoe korontjong tea, meudjeuhna pisan keur neangan pieusieunana pantoenan lawanna, ngarah soeroep kana lagoe djeung kana kaajaan-kaajaan anoe kěur karasa waktoe manjanji tea.

Djaman baheula sok loba anoe narabeuh korontjong ti peuting. komo dina paparahoean keur tjaang boelan tara teu make korontjong. Ari ditabeuhna sok dibarengan koe biola, soeling (koe awi atawa kai) djeung tamboer. Dina djaman harita basa anoe sok dipake manjanji basa Pěrtěgěs bae anoe babakoe mah, sarta manjanjina woengkoel pěrkara bobogohan.

Kadjaba lagoe moresco aja deui hidji lagoe oerang Pěrtèges anoe sok diparake manjanji, nja eta lagoe prounga; ari koe oerang Priboemi disareboetna lagoe prounga. Ieu lagoe hěnteu loba