Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/164

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ĕlak-ĕloekna, ngan salantjar bae; tapi katjida matak kagagas matak kĕlarna. komo keur anoe ngaloembara, sok matak ngahoedang ati ingĕt ka bale geusan ngadjadi, mani boetbat djalan-djaîan. boerbar lĕmboer djeung pasawahan tarembong dina ingĕtan. Eta lagoe meh saroepa pisan lagoe oerang, bangsa Wetan. Ari mimitina mah meh tjara lagoe moresco tea, ngan tĕroesna sedjen. Anoe rarĕsĕpeun pisan manjanji prounga, nja oerang Banda anoe maratoeh di kampoeng Bandan tea, datang ka eta lagoe katĕlah lage korontjong-bandan. Ieu mah tara dipake manjanji patembalan, sok koe saoerang, saoerang bae.

Sanggeusna oerang Pĕrtĕgĕs kadeseh pĕrangna djeung oerang Walanda, oerang Banda djeung Moestiza tea tĕroes maratoeh bae di Djakĕtra; ari oerang Goa parindah ka beh wetan ngaliwatan Tjilagoa, deukeut Tandjoeng-Prioek. Nja ngadĕgkeun kampoeng Toegoe tea.

Mimitina mah tĕtĕp bae basa Pĕrtĕgĕs tea anoe diparake manjanji lagoe moresco djeung prounga teh, tapi ari lila-lila mah nja kaelehkeun miloe kana basa Malajoe.

Sanggeusna oerang Pĕrtĕgĕs ninggalkeun Djakĕtra, euweuh djĕlĕma anoe daagang korontjong, da ngan oerang Pĕrtĕgĕs anoe sok daragang eta tatabeuhan teh bawa ti nagarana; atoeh kapaksa sakoer anoe harajang boga koedoe njarieun sorangan atawa mareuli ti orang Djakĕtra anoe barisaeun njieun. Anoe barisaeun njieun korontjong, malah nĕpi ka djaradi toekangna, nja eta oerang Toegoe tea. Ari kaina anoe aloes keur korontjong, tangkal tjampaka-bodas djeung kananga. Ari njieunna kotak2 sora, dirapĕt-rapĕtkeun bae. (dasar djeung papan igana korontjong Pĕrtĕgĕs didjieunna misah-misah koe papan sabebek-sabebek). Papan beuteungna njieunna disedjenkeun. Talina lain boeatan di dieu, boeatan nagara Tjina, sarta hadena saroea bae djeung tali anoe koe oesoes tea.

Sakabeh korontjong anoe ajeuna, boeatan Toegoe.

Sagala barang noe aja di doenja, kabeh oge taja noe langgĕng, kabeh oge keuna koe owah-gingsir. Nja kitoe deui lagoe moresco djeung prounga tea, eta oge geus loba katjida robahna ti lagoe asal; senggolna tambah loba tambah ngeunah djeung rĕsmi, beuki dieu, beuki seukeut nantjĕb njĕtjĕp kana ati, matak gioeng matak woejoeng karoengroengan. Tapi sanadjan eta doea lagoe geus sedjen deui pisan ti lagoe asal, ari pokona mah saroea keneh bae djeung noe toelen tea. Pantoenanana pinoeh koe sindir asih-kinasihan, basa kĕmat pangiroetan, djadi panghoedang ati birahi. Ngadoe tĕmboeng njoesoen pantoen, silihtempas patembalan.


Sanadjan geus meh tiloe windoe lilana orang Pĕrtĕgĕs njingkirna ti Hindia Wetan, tapi lagoe moresco djeung korontjongna nĕpi