Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/167

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

beh dieu — Kira2 geus meunang saminggoe, nja mangkoek di djéro ĕndog, bapa ngarasa eungap katjida. Koe bapa kadeuleu, jen anoe dipake ngoeroengan bapa teh, koeroeng aloes nakĕr, koe bapa teh ngan djĕkek bae didjĕdjĕk, peupeus pada sapisan, na ......... ana braj teh alam doenja ngemploh hedjo mani satoengtoeng deuleu. ngeunah djeung sirna, tjahaja panonpoë tjaang lenglang sakoeriling boengking. Harita bapa teh leutik keneh pisan, meureun koe maraneh oge kaharti. tapi soekoe geus boga gĕnĕp, teu sabaraha hesena nja loemantoeng noetoerkeun sakahajang ati; djeung boga koemis pandjang deuih doea, paranti ngarampaan sagala noe deukeut ka bapa, soepaja bisa njaho naha aja pibalaieun atawa euweuh.

Teu lila bapa ngarasa loengse djeung lalĕsoe, sihoreng hajang dadaharan. Toeloej soengoet anoe seukeut ieu teh koe bapa ditjotjogkeun kana daoen noe ngemploh tea ............. teu woedoe rada hese. tapi lila2 mah nja teurak; soeroepoet koe bapa tjaina disĕrot, na aja ni'mat. Bapa ngarasa djagdjag deui; djorodjoj hajang njaba, toeloej atoeh ngalantoeng rada djaoeh. koe sabab tatjan boga djandjang, bapa liar teh badarat bae. Ari beh teh manggih aja noe ngaranggeuj, nja eta boeahna pare tea. Djlĕng bapa loentjat kana ranggeujan teh, ngora keneh nakĕr, tingkelesek kagĕdag-gĕdag koe angin. Pek koe bapa dirorek-rorek, na ana djĕj teh eusina bodas mani njatjas, soeroepoet koe bapa disĕrot, istoe ni'mat kabina-bina. Atoeh bapa teh ngahenggoj bae njĕrotan kahakanan anoe sakitoe ngeunahna, asa soemoer katoeroeban njiroe, tjek hate teh: na ari geus meunang watara dajam-djaman. bet awak bapa teh nja pandjang nja gěde, meureun aja doea kali asal mah: bapa ngarasa eungap, beuki lila beuki katjida sarta boga rasa: tangtoe boetjat geura ieu awak aing. Kěk bapa moentang kana regang pageuh katjida, toeloej hoeloe dioenggeukkeun ka hareup satakěr tanaga, koelit beuheung mani měntrang, na ana běrěbět! běrěbět! teh koelit tonggong soëh, beuki gěde, beuki gěde, toengtoengna brah bae beulah, morosot tina koelit. Plong rarasaan teh ngarasa sěnang laloeasa djeung asa djaragdjag. Beuteung ngarasa hajang dadaharan bae, euweuh seubeuhna, atoeh henggoj deui dadaharan, da kahakanan mah loba lakar daek daharna bae, mo beak. Heuleut opat-lima poë bapa měgar, beuki lika beuki gěde; ari anoe pangrěsěpna, eta oenggal2 tas měgar bapa ngarasa tambah sampoerna bae. Lila2 bapa boga djangdjang doea sarta sanggeus měgar kalima kali, eta djangdjang geus sangkěp, geus sampoerna. Ti harita bapa tara leumpang tara loentjat, moen hajang pindah kana ranggeujan sedjen teh, sok hiběr bae. Lila2 roepana sawah ěnggon bapa teh ganti, beuki koneng. Djorodjoj dina ati hajang pindah ka sawah anoe hedjo keneh.

Dina hidji waktoe, pasosore, měněran aja hoedjan, bapa barěng