Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

djeung batoer² breng arindit neangan sawah noe hedjo geusan matoeh, da di koelah gětih sorangan geus teu bětah, sagala tjaketang djeung taloehoer.

Tapi di djalan bapa kapintjoet koe tjaang² noe ngagarentjlang di imah manoesa. Něpi ka ajeuna bapa ngarasa kadoehoeng, naha make kabengbat koe tjaangna damar. Toeloej bapa teh harita njirorot, asoep ka imah manoesa tea; nja andjog ka hidji pangkeng. Harita njampak loba djělěma, sarta kabeh roepana teu raresepeun bapa datang ka dinja, katjiri tingtjaregis sarta ting-harioek ngarepotkan bapa. Tapi, maraneh oge njaraho lain, bapa boga pakarang pikeun ngalawan moesoeh, nja eta dina lěpit² awak toekang aja liang sengsěrěpan; dina lěbah aja pěrlocna beunang dipake ngaloearkeun babaoean anoe hangit malikběk. Geus mindeng bapa lesot tina balai koe pitoeloengna eta djimat; saperti: geus pirang² kali rek disamběr koe manoek, ari geus rek kětjok, pělěděk djimat bapa dikaloearkeun, kalieus bae manoek teh, leos bae balik deui, teu wanieun ngadeukeutan deui ka bapa. Harita, basa bapa asoep ka imah manoesa tea, nja kitoe deuih; barang katembong koe bapa, jen djělěma teh kareuheuleun ka bapa, toeloej bae djimat teh dikaloearkeun, Pělěděk! pělěděk! mani geus pingeh sapangkeng. Toeloej bae damarna dipareuman djeung sigana bae těroes ka enggonna harees. Ari bapa gantjang bae bidjil, djalan kana sela² bilik, toeloej njampeurkeun batoer² deui. Ah, eta mah manoesa aja ngewa babangoenan teh ka bangsa oerang; karepna teh ngan hajang maehan bae ka oerang teh, komo lamoen oerang arēj-arèjan mah djeung batoer areunteup kana pare noe keur beuneur hedjo, geus lain di kieuna bae amběkna teh, da eta tjěnab pare anoe disérot atjina koe oerang teh, tara aja eusina, sok hapa kokoroimpong. Lamoen parena hapa kitoe, pohara handjeloena manoesa mah. Eta sababna noe matak sabeunang-beunang karepna hajangeun maehan ka oerang.

Ari tarekahna aja noe ganggeng atawa bangke keujeup ditiiran, toeloej ditantjebkeun dina galengan, da eta manoesa mah njarahoëun, jen oerang beuki pisan kana ganggeng djeung bangke keujeu; tapi..... tapi saha² anoe kagendam koe eupan, pek eunteup di dinja, tangtoe němahan pati, sabab ari preuk oerang eunteup ka dinja, ari torodjol djělěma mawa ohor ngarerab oerang. Aja deui anoe ngagendam koe obor, saha anoe njampeurkeun ka dinja, tinangtoe njorang balai.

Eta tarekah tatjan sabaraha, ari anoe panggedena mamalana ka oerang mah, eta, ana geus kabeh patani goejoeb tandoerna babarengan dina sawaktoe, atoeh asakna oge rempěg bareng. ana brak teh sawah teh satoengtoeng deuleu marakbak koneng kabeh, euweuh tembong hedjo-hedjo, tah eta ana geus kitoe estoe seunggah half teh, sabab lamoen oerang ěmboeng paeh langlajeuseun koedoe