Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/169

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

pindah djaoeh kabina-bina, lain lakonaneun panganggoeran. Di djalan loba batoer oerang anoe mopo, paraeh.


36. TINA HAL DJAPATI.

Djapati teh lain djaman ajeuna bae, ti baheula oge sok dipake kalangěnan, babakoena koe menak² 1jeung koe noe baleunghar. Ari djaman ajeuna noe masih keneh loba noe ngingoe ajapati pikeun kalangěnan ngan di Djogjakarta, diarah hiběrna ngalajang di awang. Tapi moenggoeh keur bangsa Europa mah, lain ngan keur kalangěnan bae, tapi dipake pikeun kapěrloean deuih, sapěrti pikeun nganteurkeun soerat ka nagara sedjen.

Djaman baheula, samemehna aja kapal-api, oerang Europa ka Amerikana sok marake kapal lajar bae; anoe laralajaran make kapal-lajar perloe katjida marawa djapati, pikeun ngadjaga dina tjilakana, misilna: kapalna kalěboeh, kahoeroean tea atawa bidjad oepamana, pěrloe pisan maranehanana ngaleupaskeun djapati beunang ngagantelan koe soerat; engkena eta djapati balik ka lemboerna datang ka imah djoeraganana tea. Djadi baraja-barajana noe kalěboeh njarahoeun jen eta kapal katjilakaan. Istoe matak heran koe djapati, sanadjan dibawa lajar sakoemaha djaoehna oge. aneh bět njaho bae di lěmboer sorangan, toer teu hese teu naon neanganana djalan balik teh

Djapati aja tiloe roepa:

a. djapati-peuntjit;

b. djapati-hiběr;

c. djapati-leuweung.

Djapati-peuntjit adatna kědoel, karěsěpna tjitjing di imahna bae, nja sok daek oge liar, hiběr koeloejang-kalajang, tapi tara djaoeh. Djapati-hiběr ti memeh dipiara oge geus katjiri, nja eta ana hiber teh loehoer pisan ngalajang di awang², tapi ana toeroen angger bae tjara sapopoena.

Djapati-leuweung adatna giras pisan, djeung ana hiběr teu daekeun ngaboeboehan; beungeutna rada beda djeung diapati noe biasa, salawasna sok tjoelanggeuk bae djeung tjingeus bangoon anoe sieun. Eta tjitjiren anoe diseboetan bieu ti kadjaoehan oge tembong.

Tjitjiren hade-gorengna djapati katembongna dina beungeut djeung boeloena. Dina boeloe noe hade teh boeloe hidji, hartina roepa těroes, saperti: bodas boh hideung, beureum atawa koeławoe koedoe těroes bae kabeh oge. Ari beungeut anoe hade, matana koedoe „parat", nja eta herang ngentjlong. Pangna diseboet „parat" atawa Djawana „pandjing", sabab lamoen matana koe

- 191 -