Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

oerang diteuteup, něpi ka siga parat kana mata anoe sabeulah deui, pangirana bangsa oerang ěnja eta teh parat, padahal ari ěnja-ěnjana mah ngan koe bawaning herang bae, ngentjlong.

Ari milih awewe-lalakina gampang, nja eta biasana lalakina leuwih gede ti awewena, djeung běger deuih lalakina mah, sarta sorana leuwih gede.

Děmi milih kolot-ngorana djapati kieu: babakoena pisan koe gěde-leutikna sora, noe gěde kolot noe leutik ngora. Eta akal kitoe, lamoen oerang koedoe milih ti kadjaoehan, da hadena pisan mah koedoe dirampa: di loehoereun liang iroengna aja anoe njëntil bodas eusina bodas siga tipoeng, lamoen njèntilna gěde, eta noedoehkeun geus kolot; lian ti eta koe ngilikan koelit anoe aja dina pamatoek kentja-katoehoe, lamoen geus kanděl, eta noedoehkeun geus kolot.

Imah djapati biasana ngan make tihang hidji, di djěrona dikotak-kotak; sakoerilingna make lawang laleutik djeung make těpas deuih, pikeun ngarioehanana. Lamoen imahna gěde, aja oge anoe make disoesoen. tjara loteng.

Lamoen lain kitoe bangoenna imah djapati teh, hade sedjen roepa oge, darapon saatoeran dina pěta-pětana djeung noe tadi tea djeung kira matak pikabětaheun ka djapati. Tapi těmpatna koedoe milih anoe rada tonggoh toer toehoer, deuih, sarta bisa meunang hawa běrěsih djeung katodjo koe panonpoë; poma oelah di noe hieum atawa taneuhna baseuh, sabab matak gěring djapati.

Miarana: parab djapati babari kabina-bina, nja eta beas djeung bangsal. Lamoen geus diparab koe eta, teu pěrloe diparaban deui sedjen roepa; beas djeung bangsal eta parabna noe bakoe. Aja oge anoe boga pamanggih, djapati diparaban koe sangoe ditjampoer djeung bakatoel, sarta bareukieun pisan djapati kana sangoe ditjampoer bakatoel teh. Nginoemna koe tjai noe běrěsih sarta herang djeung oenggal poe koedoe diganti, oelah něpi ka bari, karana matak djadi panjakit ka djapati; djeung oelah pisan něpi ka saateun, sabab adatna djapati bisa koeat teu njatoean doea poë, tapi teu nginoem mah sapoe oge paeh.

japati noe dikoeroeng miarana koedoe leuwih apik ti balan djapati anoe ngentjar, sabab tara hiběr: ari hiběr tea keur djapati pěrloe kabina-bina, matak waras badan; katoeroeg-toeroeg kapan baranghakanna oge, noe dikoeroeng mah, saaja-aja noe dísadiakeun bae.


Lamoen oerang ngoeroeng djapati sakoerěn, biasana sok tereh endogan, lobana doea siki, sarta sok toeloej bae disileungleuman. dina 14 poê teh měgar. Djapati noe ngentjar oge sok ngarěndog. lobana doea siki deuih, ana měgar teh biasane, lalaki hidji awewena hidji, radjeun oge djadi lalakí doeanana atawa awewe doeanana.

- 192 -