Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/171

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

tapi arang. Ari ngěndogna loembrahna dina těngah poë. Anoe njieun sajangna djapatl lalakina, ngala djoekoet djeung roentah anoe beunang didjleun sajang poelang-anting ngakoet; aja deui tabeatna lalakina sok noetoer-noetoerkeun bae awewena.

Endog djapati oelah pisan dipindahkeun koe oerang, sok tara měgar. Dina waktoe njileungleum, lalakina oge sok miloe njileungleum, katendjona estoe roentoetroekoen pisan. Indoengna njaah katjida ka anak, dikeukeupan dihoeapan bae gawena, nepi ka anakna bisa matjok kahakanan koe sorangan.

Laoek djapati ngeunahna pisan anoe masih pijik keneh. kadjaba pělěm teh matak koeat deuih.

Djapati karĕsĕpna ngaboeboehan. ana haliběr loehoer ngalalang di awang² siga pisan mega. Djělěma anoe ngingoe djapati ngan saeutik, minděng djapatina sok leungit kabawa koe boeboehan anoe loba tea; anoe boga loba, djapatina gantjang pisan ngalobaanana. da katambahan koe djapati batoer anoe ngan saeutik tea, kairid koe djapatina.

Aja deui adatna djapati anoe aneh: lamoen oerang meuli djapati sadjodo noe geus kolot di pasar, datang ka imah toeloej dikěntjarkeun, eta geus beunang dipastikeun bae baralik deui ka imahna noe heubeul. Sok aja anoe boga akal, eta djapati koe manehna diteukteukan djangdjangna, toeloej dikěntjarkeun; salila tatjan barisaeun hiběr mah, sok tingkoelinting di dinja bae, tapi mangke di mana geus djaradi djangdjangna, geus barisaeun hiběr deui biasana sok baralik deui bae ka imahna heubeul. koe sabab eta anoe geus ngalarti mah tara daekeun meuli djapati; kolot, da sok baralik deui.

Djapati kaasoep arang langka keuna koe kasakit, oepama aja noe gěring teh, taja lian lantaranana ngan koe kotor imahna bae; ana gěring sok babari tjageur deui. Ari ka tjirina gěring hoeloena sok tjarěngkat djeung bangoen anoe lalěsoe, taja tanaga.

Djapati anoe loembrah gawena euweuh deui ngan keur karěsěpan, diarah ngapoengna ngaralajang di awang²; sok aja anoe digantelan soesoelingan laleutik dina soekoena, atoeh ana brěng: teh haliběr ngaboeboehan, mani ngagoeroeh sora soeling anoe dina soekoena disarada, matak njoekakeun ka noe boga.

Djapati anoe geus biasa kana hibér loehoer kitoe ngalajag di awang² beunang diadjar ngarah ngarti make kohkol oepamana, ěgkena ngarti lamoen oerang nakol kohkol, brěng bae djapati teh barěng hiběr kabeh, toeloej ngalajang něpi ka sadjam atawa leuwih, kakara taroeroen deui. Děmi waktoena anoe hade pikeun ngahiběrkeunana isuk², samemeh panas, něpi ka poekol 8. njaeta di mana. langit geus matak serab.

— 192 —