Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/172

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Djapati hĕnteu kaasoep kana manoek anoe ngeunah sorana, tapi lamoen oerang ngarah sorana aja tarekahna, njaeta dibastěrkeun: eta djapati koe oerang didjodokeun djeung manoek noe sabangsa anoe aloes sorana, kajaning djeung tikoekoer atawa poetěr. Ari ngadjodokeunana: djapati awewena djeung tikoekoer atawa poetěr lalakina; ana anakan, anakna sorana sok aloes djeung gěde deui.

Djadi ngingoe djpati mah, asal hade bae ngoeroesna, iain kaasoep kana njiksa sato, sabab salilana dioeroes parabna djeung dikěntjarkeun deuih, hěnteu dikoeroengan.

37. SADJARAH TJIKOENDOEL.

(SAMBOENGAN ALMENAK 1920).

A s m a r a n d a n a.

165. Barang djěng djadi Boepatl, hěnteu aja antarana, pangkatna Dipati bae, teu nganggo Toeměnggoeng heula, kotjap mangsa harita, dajeuh Tjiandjoer katjěloek, poendjoel ti tanah Pasoendan.

166. Rea harta rea harti, rea kěton rea kětan, rea menak jasa ngaos, babakoena ngaos koerän, malah rea noe hapad, tarekat pakih djeung oesoel, diotjeh sapapandjangna.

167. Sadjaba oesoel djeung pakih, pada ngaos ilmoe palak, istoening běger përlente, kana kosoekaan doenja, taja anoe kaliwat, kana wajang kana pantoen, djeung kana ngeset biola.

168. Bisa nja kitoe deui, pamaenan Tjina tea. anoe disěbut maen po, menak-menak pada soeka, baris ngadjaga baja, moen aja bantjang-pakewoeh, dilawan koe langkah matjan.

169. Njandak goeroe ti Batawi, milih goeroe noe geus kotjak. djeung njandak goeroe ti Bogor, Aki Kahir katělahna, diadoekeun djeung Tjina, Tjina ditondjok ngoedoepoeng, kasosok boeka kelekna.

170. Djadi meunang Aki Kahir, harita dibajar kontan, wang perak salawe kěton, djaba panganggo loengsoeran, katjaba tina Dalěm rěsěp kana pantoen, malah njaoer ka noe anggang.

171. Aja anoe kongas leuwih, ngaranna Aki Warsita, pěrlente rea lalakon, djeung ngeunah aleuanana, aja di Soedalarang, harita geuwat disaoer, dipapag oeang djeung koeda.

172. Reudjeung rěsěp kana ngibing, njaoer ronggeng ti noe unggang, ari anoe leuwih tjotjog, ral Dalĕm Paněmbahan, Raden Arja Wasita, datang ka teu paja nganggoer, těmbang djeung ibing-ibingan.

173. Karěsěpna lagoe miring, mana ajeuna tapakna, menak Tjiandjoer mamaos, lagoe miring sědjak Těgal, kitoe sasakalana, harita dajeuh Tjiandjoer, gĕgĕkna kabina-bina.