Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

22. BALAJAR MAKE KAPAL
KONINKLIJKE PAKETVAART MAATSCHAPPIJ.

a. NGABADAMIKEUN TĔMPAT.


Saha² noe rek lajar make kapal K. P. M., oepama hajang meunang tĕmpat anoe hade, pidoea-poëeun deui koedoe geus mere njaho djeung geus meuli kartjis ka Agent kapal.

Lamoen lajarna hĕnteu make kapal anoe geus dibadamikeun (dipenta), oepamana noempang kana kapal sedjen, panoempang didĕngda gĕdena satĕngahna tina harga kartjis anoe geus dibeuli, anging lamoen gĕring atawa aja sabab anoe sah.

Di djĕro kapal toean kapten kawasa mindahkeun tĕmpat panoempang ti tĕmpat ieu ka tĕmpat itoe atawa ti ditoe ka dieu, tapi teu beunang mindahkeun ka kĕlas sahandapeun kĕlas anoe kasĕboet dina kartjis.

Djĕlĕma anoe boga kasakit anoe sok tepa, atawa anoe gelo, teu beunang dibawa koe kapal anoe bijasa ditaroempakan koe djĕlĕma.

Ngĕtok kawat ka kapal, beunang; tapi ngan baris meunang djawaban, lamoen eta telegram keur djawabna geus dibajar ti heula.

b. BAJARANANA.

Tarip kapal geus ditĕtĕpkeun djeung geus disaroeakeun pikeun panoempang noe oemoerna geus leuwih ti 12 tahoen.

Baroedak anoe oemoer 3-12 tahoen majar saparo.

Baroedak anoe tatjan oemoer 3 tahoen, teu majar. Doea boedak anoe tatjan oemoer 3 tahoen, meunang hidji tĕmpat-tidoer, tapi koedoe majar ¼ bajaran kolot; 3 boedak ti hidji „familie” (saoempi) meunang doea tĕmpat tidoer, majarna ½ kolot.

Anoe meunang koerang majarna:

(1) Bajar saparo, di kĕlas I djeung di kĕlas II, baroedak sakola anoe tatjan oemoer 21 tahoen noe rek ka sakola atawa tas kaloear ti sakola, nja kitoe deui anoe balik djeung madjoe dina waktoe vacantie. Eta moerid koedoe mawa katĕrangan ti kapala sakola; lamoen teu kitoe koedoe majar djĕdjĕg.

Moerid² S.t.o.v.i.a. djeung N.I.A.S. mah anoe oemoerna geus leuwih ti 21 tahoen oge, meunang majar saparo bae.

(2) Moerid² sakola ambtenaar bangsa Priboemi, oepama meulina kartjis kĕlas 4, beunang noempang di kĕlas 3, kadjaba ti eta meunang potongan bajaran deuih, 15%. Goeroe agama djeung oempina, lamoen aja soerat katĕrangan, bajaranana beunang disaroeakeun djeung moerid².

(3) Oerang Priboemi, Arab djeung Tjina anoe hĕnteu miloe dalahar dina medja gĕde, ngan di klas II bae, meunang potongan

4
- 49 -