Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

bajaran 20%. Maranehanana meunang sangoe tiloe kali sapoë, tjipanas djeung tjiatah sakarĕp-karĕp.

Kartjis poelang-pĕgi make tempo 6 boelan ngan pikeun kĕlas I djeung II bae, hargana 17 kali kartjis biasa.

Samemeh balajar rek balik, eta kartjis koedoe ditanda heula koe Agent.

Panoempang anoe hĕnteu make kartjis poelang-pĕgi, anoe balik deui sadjĕro 6 boelan, dina balajar balikna meunang potongan bajaran 15%, oepama noempangna di kĕlas I djeung II. Tapi lamoen make djalan sedjen, hĕnteu make deui djalan bareto, meunangna potongan, ngan 7½%.

Di kapal, panoempang² mareunang dahar. Tapi lamoen kapal eureun dina hidji palaboean leuwih ti 24 djam, sakabeh panoempang koedoe taroeroen ka darat; beunang oge tjaritjing di kapal bae, tapi koedoe nambah bajaran:
klas I, ƒ 6: — klas II, ƒ 4.50; — klas III, ƒ 2; — klas IV, ƒ 0.75 dina sapoë.

Panoempang anoe ngabedjaan, jen teu rek dahar, dina waktoe pitiloe-djameun deui kana waktoe dahar, eta teu koedoe majar oeang dahar.

Pagawe Nagara anoe noempang di klas I atawa di klas II, meunang pĕre hidji boedjang di klas IV; djeung lamoen eta ambtenaar boga anak doea, anoe tatjan oemoer 3 tahoen atawa anak tiloe, anoe geus oemoer leuwih ti 3 tahoen, meunang mawa 2 boedjang, noempang di klas IV, pĕre.


c. SASATOAN.

Bangsa manoek djeung sato sedjen teu beunang dibawa ka kamar, koedoe diasoepkeun kana kandang atawa tjarangka. Sasatoan koedoe ditimbang sapĕrti barang² bae, sabab di kapal mah dianggap bagage (bahaseu). Ari ngadjagana djeung marabanana koedoe noe boga pribadi.

Andjing, oetjing djeung monjet hĕnteu ditampa koe kapal.


d. BARANG² (BAGAGE).

Sagala barang² anoe beunang dibawa ka kamar, djeung korsi sahidji pakëeun dina dek, eta hĕnteu koedoe majar. Pĕti² anoe galĕde djeung bangsa boeboeahan hĕnteu beunang dibawa ka kamar. Bagage² noe sedjen koedoe diteundeun di tĕmpatna, di kapal; anoe bogana, dibere regu, nja eta soerat katĕrangan.

Bagage² koedoe dibawa ka kapal, sabeunang-beunang pi-24-djameun deui kana mangkatna kapal. Ongkos mawana ka kapal djeung mawana ti Kapal, eta kabeh tanggoengan anoe boga barang.

- 50 -