Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/189

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Poetrana Ratoe Soemědang, nja eta ngan hidji istri, ditikahkeun ka poetoena, KANGDJENG SOENAN GOENOENG DJATI. MAOLANA MAGRIBI, atawa noe sok disěboet, PANGRAN PAMALEKARAN, saestoena koedoe sarif, nja eta teh poetra PANGERAN PANDJOENAN.
  2. Ari PANGERAN PANDJOENAN, poetra SOENAN GOENOENG DJATI, enggalna kagoengan poetra, paměgět kasep djeung sigit, siga geus mawa tjiri, di achir djadi Pangagoeng, kotjap Ratoe Soemědang, kalangkoeng nja soeka galih, reh kagoengan poetra paměgět oetama.
  3. Enggal ladjěng ngadeuheusan, ka SINOEHOEN GOENOENG DJATI, pihatoer Ratoe Soemědang, ka SINOEHOEN GOENOENG DJATI, djeung bari mělas-mělis, simkoering agoeng panoehoen, eta poen intjoe tea, manawi paidin Goesti, disochoenkeun rek diingoe di Soemědang.
  4. Reh teu gadoeh deui anak, djabi awewe moeng hidji, koe SINOEHOEN geus kamanah, pidjadieun awal-achir, wantoening bangsa WALI, walonanana SINOEHOEN, taja pisan halangan wantoening saroe: wadjih, tapi eta bnedak hapana teli Islam.
  5. Agama noeroet ka bapa, moedoe djadi Islam deui, pihatoer Ratoe Soemědang, koe sim koering geus kapikir, sinarěng djisim koering, noeroetkeun riwajat sěpoeh, pitoetoer noe baheula, disěboetkeun djisim koering panoengtoengan djadi Ratoe di Soemědang.
  6. Noe ngagěm agania Boeda, mangke geus tangloe diganti, nja eta koe intjoe tea, eta teh anoe mimití, ganti njěmbah Jang Widi. koe agama NABI RASOEL, sarěng tědak toemědak, doegi kana djaman achir, sirna Boeda kaganti agama Islam.
  7. Kěbatkeun leu tjarita, PRABOE LINGGAWASTOE tadi, lambat lamboet djoeměněngna, acbirna mangke diganti, koc poetra anoe tadi, anne kaseboet di loehoer, ngěreh nagri Soemědang, Ratoe agama Moeslimin, awit ngěreh eusi nagri bangsa Boeda.
  8. Tatapina lila², sareh Ratoena Moeslimin, pangeusi nagri Soemědang, anoet djaradi Moeslimin, teu katjatoerkeun deui, sababna pada aranoet, pantěs noeroet riwajat, noe katjaritakeun tadi, saeusining Soemědang geus mandjing Islam.
  9. Sanggeus lila djoeměněngna, Ratoe Soemědang Moeslimin, ajeuna ganti noe kottan radja geus bangsa Moeslimin. tědakna