Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/191

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

26. Lakoe noe djadi bopati, sanggeus kabawah Mataram, saban tahoen koedoe tjaos, ngadeuheusan ka Mataram, geus djadi kawadjiban, lalakon sakitoe djaoeh, komo soesah pĕrdjalanan.

27. Tatapi teu dipalikir, wantoe kawadjiban tea, dina saban tahoen tjaos diiring koe wadya balad, mawa gagaman pĕrang, reana nĕpi ka ratoes, koemaha gêde nagrina.

28. Oepatjara djeung pangiring, anoe marawa ampilan, noe disĕboet kaparabon. GEUSAN OELOEN Katjarita, kagoengan kapĕtĕngan, pamanggoel ki SAJANGHAWOE, kadoeana ki NANGGANAN.

29. Anoe katiloena deui disĕboet ki KONDANGHAPA, noe kaopat TERONGPEOT, eta opat kapĕtĕngan, moenggoeh ajeuna oepas, beurang peuting tara djaoeh, sakarengkak ditjatjandak.

30. Ngan SAJANGHAWOE pribadi, ngarana DJAJAPERKOSA, ari batoerna noe sedjen hanteu disĕboet ngaranna, tapi geus tangtoe aja, tatapi hĕnteu katjatoer, jen aja deui ngaranna.

31. Aja noe kotjap deui, KANDJENG PANGRAN GIRILAJA, Bopatina di Tjirĕbon, kapĕrnah saderek misan, rehna toenggal tĕtĕdak, djeung PANGERAN GEUSAN OELOEN, loma wantoe saderekna.

32. Pada tĕdak Goenoengdjati, ari PANGERAN GIRILAJA, geus lamo djomĕnĕngna teh, malah ka asih koe SOENAN, datang ka geus digandjar, koe poetri anoe disĕboet, RATOE EMAS HARIS BAJA.

33. Eta estoe bangsa poetri PANGRAN KATAROENGAN, KANGDJENG SOENAN teh saderek, ka PANGERAN KATAROENGAN, tangtoe ěnggeus kamanah, reh tědak KANDJENG SINOEHOEN, GOENOENG DJATI WALIJOELLAH.

34. Malah rai Raden Poetri, Raden EMAS PANTJAWARA, geus noemoetkeun ka Tjirebon, ngabelaan ka rakana, ajeuna katjarita, Kangdjěng PANGRAN GEUSAN OELOEN, geus soegěma djoemeněngna.

35. Di Soemědang ngěreh nagri, ajeuna noe katjarita, ngawitan kagoengan raos, djoedjoer ngolahna agama, wantoe tědak oelama, soeka madjěng ngolah elmoe, sědja ginahoe ka Děmak.

- 212 -