Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/192

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

36. Reh kasěboet aja WALI, djadi Pagoeron tarekat, GEUSAN OELOEN ladjěng dae, djěngkar ka negara Děmak, di těngah perdjalanan, doemadak gok bue těpoeng, djeung PANGERAN GIRILAJA.

37. Langkoeng sami soeka galih, teu kemanah ti tadina, baris těpoeng djeung saderek, GIRILAJA teh mariksa, rai bade ka mara, pihatoerna GEUSAN OELOEN, sědja djiarah ka Děmak.

38. Sadalah raka pribadi, anjeuna moelang ti Děmak, nja kitoe noe dimaksoed teh, něpangan pagoeran tea, estoe oetama pisan, baris ngahoesoeskeun elmoe, karaos soegěma pisan.

39. Samboeng pamoedji ka rai, sakěrsa moedji laksana, sareng wěwěkas kakang teh, samoelih rai ti Děmak, moegi sindang ku kakang, di Tjirěbon oerang ngoempoel, sarěng kadang koelawarga.

40. Enggeus maksoed ti tatadi, GISUSAN OBLOEN pangwalonna, rek doemeuheus ka Tjirěbon, ajeuna aja timbalan, kěbatkeun tjaritana, GIRILAJA, GEUSAN OELOEN, ladjéěng pisah sewang-sewang.

41. GIRILAJA ladjěng moělih, GEUSAN OELOEN troes ka Děmak, kotjapkeun enggalna bae. GEUSAN OELOEN di Děmakna, teu pandjang tjaritana, ginahoena enggeus tjoekoep, sakarsana geus laksana.

42. GEUSAN OELOEN těroes moelih, teu katjatoer di djalanan, ěnggeus soemping ka Tjirěbon, dipapag koe GIRILAJA, dina gokas patěpang, doeanana sami moendjoeng, djeung dihatoeranan lěnggaa.

43. Geus lami pada tjaralik, kalangkoeng soeka manahna, pitěpang pada saderek, dasar beunang djadjangdjian, PANGERAN GIRILAJA, ladjěng ngagěntraan witeer, Raji RATOE HARISBAJA

44. Enggaina teh geus djol soemping, RATOE EMAS HARISBAJA, pilahirna rakana teh ieu doeloer oerang datang, Bopati ti Soemědang, manehna kakara těpoeng, ieu teh saderek misan.

45. Toenggal tědak Goenoengdjati, maneh oelah asa², nja ngabadja-karama teh, reh oerang tjarang patěpang, RATOE MAS HARISBAJA, toengkoel djeung pasěman imoet, sanggeus pada silihtingal.

46. Bangět kapintjoet nja galih, ti barěng gok ge patěpang, kakara

- 213 -