Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/193

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

ningal noe kasep, sarta mantjoer tjahajana, RATOE MAS HARISBAJA, bangět pisan ngaliliboer, oelah katawis kagiwang.

47. Geus sami regreg tjaralik, adat pangbodja-kramana, ti dinja GEUSAN OELOEN teh, dipěrěnahkeun koelěmna, koe PANGRAN GIRILAJA, dikoelěmkeun dina tadjoeg, anoe parěk ka boemina.

48. PANGRAN GIRILAJA tadi, sangět ngolah agamana, sabawah nagri Tjirěbon, ragěm ngolahna agama, panganggo GIRILAJA, sok minděng njaoeran koempoel, kiai para oelama.

49. Ngahoesoeskeu: elmoe dahkik, di waktoe djaman_harita, loeloegoena di Tjirěbon, noe ragěm ngolah agama, reh loba oerang arab, ajeuna gantjang katjatoer, saoer PANGRAN GIRILAJA.

50. Ka sadaja para alim, soepaja sakabeh těrang, kaoela keur boengah hate, ěnggeus tangtoe karoedjoekan, jen kaoeta ajeuna, ieu kasemahan doeloer. Bopatina ti Soemědang.

KINANTI.

51. Ti dinja pada maroendjoeng, para alim silihgěnti, GEUSAN OELOEN soeka manah, ningal ngoempoel para alim, koe PANGRAN GIRILAJA, ditoendjoekkeun hidji².

62. Anoe anom anoe sěpoeh, djěněnganana pra alim, GEUSAN OELOEN soeka manah, ladjěng ngungkěn para alim, pilahirna ka sadaja, noehoen djeung andoem pamoediji.

63. Rame sami oendjoek noehoen, pihatoerna para alim, djeung teu pěgat malěntjrongna, aromongna para alim, ieu Boepati Soemědang, estoe djalma loehoeng singgih.

54. Eukeur mah Pangagoeng loehoer, nja kasep nja hade boedi, lain djalma samanea, pantěs karamatna leuwih, saoer PANGRAN GIRILAJA, pamenta nkang Ka adi.

53. Montong waka goera-giroe, nja karsa moelih ka boemi, di dieu ngeureunan pataj, moelih angkat ti noe těbih, ti diew Ka nagri Děmak, lalakon wělasan peuting.

56. Pihatoerna GEUSAN OELOEN, sadaja-daja kairing, kotjap RATOE HARISBAJA, saban poě saban peuting, tambah-tambah kagiwangna, meh teu bisa měngkěk galih.

- 214 -