Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/194

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

57. Tampolana hajang gaproek, ngĕrĕwĕs moeaskeun ati, sakoeat-koeat ditahan, katjarita hidji peuting, GEUSAN OELOEN ĕnggeus tibra, koelĕmna di masdjid tadi.

58. Pamadjikan noe katjatoer, GIRILAJA djeung Nji Poetri, tapi noe tibra koelĕmna, ngan GIRILAJA pribadi, ari RATOE HARISBAJA, njileuk teu pĕgat kaeling.

59. Geus teu tahan nahan napsoe, toeloej goegaah tĕroes indit, ninggalkeun raka noe tibra, ka loear ti djĕro boemi, bari angkat rerepehan, ngadjoegdjoeg golodog masdjid.

60. Pangkoelĕman GEUSAN OELOEN, pantona noetoep dikontiji, toeloej bae dikĕtrokan, soegan aja anoe njaring, dina hantĕm dikĕtrokan, Ki SAJANGHAWOE ngalilir.

61. Katjatoerkeun SAJANGHAWOE, hoedang toeloej moeka kontji, diboeka toeloej ka loear, digolodog geus papanggih, reudjeung RATOE HARISBAJA, pihatoerna mangga Goesti.

62. Ti dinja toeloej arasoep, GEUSAN OELOEN geus ngalilir, toeloej goegah gok patĕpang, hĕnteu antaparah deui, GEUSAN OELOBN HARISBAJA, silirangkoel djadi hidji.

63. Saroepa poejoeh keur taroeng, doeanana pada nangis, bawaning kaliwat soeka, manahna pamĕgĕt istri, teu njana gantjang laksana, beunang mikir beurang-peuting.

64. Katjatoer Ki SAJANGHAWOE, katjida atina kĕtir, hookeun ningal Goestina, pikirna teh bangĕt watir. Ki SAJANGHAWOE oendjoekan, adoeh deudeuh teuing Goesti.

65. Tanpa goena sĕdih kalboe, ajeuna pihatoer abdi, langkoeng sae oerang djĕngkar, oerang moelih sapeupeuting, montong rek soemĕlang manah, djamakna tanda laleki.

66. Deneng aja anoe njoesoel, montong rek soemĕlang galih, abdi ĕnggeus iklas pisan, pĕtjah dada moentjrat gĕtih, koe GEUSAN OELOEN kamanah, ladjĕng njaoer ka Nji Poetri.

67. Koe eulis tangtoe kadangoe, biee sapihatoer Aki, moen estoe sapoek djeung manah, hajoe atoeh oerang indit, pihatoerna HARIS-

BAJA, soemĕrah raga djeung pati.

— 218 —