Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/195

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

68. Kadjeun lěboer boeboek adjoer, lamoen katampi koe Goesti, kěbatna ieu tjarita, ka loear ti djěro masdjid, pada angkat rerepehan, dina wantji těngah peuting.

69. Katjatoerkeun SAJANGHAWOE, bari ngagandong Nji Poetri, ari gandek noe tiloean, di poengkoereunana ngiring, kěbat ka loear ti kota, GEUSAN OELOEN djeung Nji Poetri.

70. Ajeuna anoe katjatoer, GIRILAJA djěro boemi, barěng ngalilir koelěmna, ngarampa rai Nji Poetri, teu aja gedengeunana, GIRILAJA heměng galih.

71. Ladjěng GIRILAJA njaoer, saoerna ka mana eulis, naha mana waka hoedang, kapan ieu masih peuting, lila digěntraanana, ladjěng njaoer eusi boemi.

72. Geus daratang noe disaoer, dawoehan mana Nji Poetri, kěbat anoe dipariksa, reh pada kakara njaring, koe GIRILAJA kamanah, garwana tangtoe ngaleungit.

73. Ti dinja toeloej pahiboet, goedjroed djalma pada njaring, goedjroed batan kahoeroean, karaget leungiteun poetri, patingsalěbroeng dipapaj, nadjan masih poěk peuting.

74. Gantjangna něpi ka isoek, saoerang taja noe tjitjing, něpi ka braj beurang pisan, tatjan aja anoe mikir, jen Poetri dibawa minggat, kabeh deudeupeun teu harti.

75. Beuki tambah tingsalěbroeng, katambah balad pradjoerit, pada sadia dangdanan, sabab geus pada kapikir, moal salah teu karoehan, Nji Poetri tangtoe dipaling.

76. Komo noe asoep ka tadjoeg, geus toeloej bae kapikir, jen semahna geus teu ajn, mo gagal eta noe maling, koe semah oerang Soemědang, tangtoe moal saha deui,

PANGKOER.

77. Saoer PANGRAN GIRILAJA, ka sakabeh wadja balad pradjoerit, koe maraneh koedoe soesoel, semah oerang Soemědang, moen kasoesoel eta teh si GEUSAN OELOEN, manoesa koerang tarima, ka ngaran pangkat Boepati.

78. Gantjangna noe diparentah, kapětěngan djeung sakoer prapěrdjoerit, tingsalěbroeng ngoelun ngidoel, reh aja doea djalan,

- 216 -