Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/196

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

saharita ka koelon reudjeung ka kidoel, ti Tjirěbon ka Soemědang, toer djalanna kabeh roempil.

79. Katjatoerkeun anoe minggat, ka Soemědang, GEUSAN OELOEN djeung Poetri, djongdjon lakoena geus djaoen, ninggang wates Soemědang, katjatoerkeun awasna Ki SAJANGHAWOE, manehna ningal ka toekang, rasana geus rek katěpi.

80. Noe njaroesoel pirang², SAJANGHAWOE taja pisan kagimir, mihatoer ka GEUSAN OELOEN, Goesti soemangga tingal, itoe djalma pirang² tangtoe njoesoel, tapi montong sěber manah, lamoen masih hiroep abdi.

81. Anggoer ladjěng kehat angkat, palaj oge kaleng rai Nji Poetri, abdi mah di dieu kantoen, bade ngadago Djawa, noe njaroesoel nadjan poeloen nadjan ratoes, teu gimir boeoek salambar, geus tega nja laboeh pati.

82. KI SAJANGHAWOE opatan, djeung batera jaringtjing taki-taki, katjatoerkeun noe njaroesoel, geus djol pada daratang, noe njaroesoel patěpoeng djeung SAJANGHAWOE, henter pandjang silitanja, geus proek bae taroeng djoerit.

83. Saroepa banteng bajangan, SAJANGHAWOE djeung opat batoer tadi, galak ngamoekna ka moesoeh, oenggoel pisan djajana, tingdjaloprak moesoehna anoe raroeboeh, tingdjalopralk patoelajah, SAJANGHAWOE mandi gětih.

84. Kakepretan koe moesoehna, tina goelět ngadoe pědang djeung kěris, SAJANGHAWOE kotjak wědoek, teu teurak koe pakarang, noe njaroesoel sakarina noe raroeboeh, pada maboer laloempatan, taja noe kari sahidji.

85. KI SAJANGHAWOE opatan, djeung batoerna di dinja tagěn tjitjing, reh moesoehna kabeh maboer, ajeuna katjarita noe keur angkat Nji Poetri djeung GEUSAN OELOEN, teu katjaloer di djalanna, ka Soemědang ěnggeus soemping.

86. Nja eta ka KOETAMAJA, pada hebat sakabeh abdi², pada maroeroe ngaroeboeng, sareh lami angkatna, kaget heran tjatjaloer djeung pada batoer, ngiring atoh Goesti oerang, moelihna ngabojong poetri.

87. Pada hajang narongtonan, teh kakara ka dinja aja poetri, katjatoerkeun GEUSAN OELOEN, bangět Soemělang manah, reh

- 217 -