Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/197

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

satadi HARISBAJA geus mioendjoek, ěnggeus ngandeg doea boelan, ngan kantoen Soemělang ati.

  1. Kitoe hatoer HARISBAJA, tajoh oelah raka soemělang galih, tatapina GEUSAN OELOEN, bàngět soemělang manah, reh geus angkat njatjat noe sakitoe djaoeh, ti Tjirebon ka Soemědang. toer angkatna beurang peuting.
  2. RATOE EMAS HARISBAJA, sasoempingna kalangkoeng hegar galih, hebat ningal goenoeng, leuweung mah soemawonna, geus kalangkoeng estoe leuweung loewang-liwoeng, ti Tjirěbon ka Soemědang, nandjak moedoen komo roempil.
  3. Tapi teu raos sangsara, katoekeuran koe katrěsnaan galih, ladjěng GEUSAN OELOEN njaoer, djeung pasěmon marahmaj. Eulis oelah rek ngagoegoe manah rèngoe, reh nimbang tanah Soemědang, djeung Tjirěbon lain deui.
  4. Kaendahan kamoeljaan, hěnteu aja ajeuna mah diganti, nja koe leuweung loewang-liwoeng, djalma ngan sakoer aja, geus papasten koedrating Allah Noe Agoeng, warna eusi alam doenja, noe aja di kolong langit.
  5. Ratoe EMAS HARISBAJA, ngawalonan pasěmon hegar galih, saoerna koering saoemoer, teu atjan gadoeh rasa, noe sakieu boengahna sagoenoeng-goenoeng, paribasa laoet lěga, lěga keneh ati koering.
  6. Koe GEUSAN DELOEN kamanah, panglělědjar satahir-lahir Poetri, lělěb mesěm GEUSAN OELOEN, poegoeh ge kalawanan, paribasa goela katinjoeh koe madoe, nja leu bandinganana, noe kasep reudjeung noe geulis.
  7. Sigeug noe di Koetamaja, Goesti abdi pada baroengah galih, KI SAJANGHAWOE katjatoer, sabatoerna tiloean, tatjan ingkah ti oeroet taroeng djeung moesoeh, di dinja didaragoan, bisina baralik deui.
  8. Tjatoerna ki KONDANGHAPA, anggoer hajoe oerang njaroesoel Goesti, di dieu teh tamboeh lakoe, geus sakleu lilana, tanpa goena perang nju ngadago moesoeh, toegěnah si Djawa edan, hariroep djědjěrih ati.
  9. Sanggeus rempoeg djeung batoerna, toeloej bae ti dinja ararindit, Goestina anne diboeroe, ngadjoegdjoeg Koetamaja,
    - 218 -