Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/209

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

pandjang teuing lamoen diwintjik, hal RATOE HARISBAJA, ka salaki noesoed, oelah djadi papandjangan, ajeuna mah koe maneh tikah sakali, tapi beuli talakna.

192. Koe Pangoeloe disamboengan deui, koe pitoetoer saoenining kitab, koe GEUSAN OELOEN kahartos, toeloej bae ngadawoeh, ka Pangoeloe koela geus ngarti, arek badami heula, djeung sabatoer-batoer, ti dinja salasaoeran praponggawa Pangoeloe reudjeung Papatih, tjinděkna geus koempoelan.

193. GEUSAN OELOEN milahir ka Patih. bapa Patih koedoe saraksian, rawoeh Pangoeloe Tjirebon, sarehna koela ngingoe, istri anoe boga salaki, Nji RATOE HARISBAJA, ka salaki noesoed, geus ninggalkeun salakina, teu poeroeneun manehna teh balik deui, hajang tětěp di koela.

194. Ti ajeuna kaoela teh djangdji, saraksian koe sakoer noe aja, rawoeh Pangoeloe Tjirèbon, reh HARISBAJA noesoed, tanpa pamit tinggal salaki, saajeuna manehna, noe masih kakoeroeng, koe tikahna GIRILAJA, mambrih lepas tina tikahna salaki, rek dibeuli talakna.

195. Tapi lain dlbeuli koe doeit, dibeulina nja eta koe tanah, ti Soemědang ngetan-ngaler, kidoel sirah Tjiloetoeng, toeroet sisi waloengan tjai, něpi ka moearana, těpoeng djeung Tjimanoek, ngaler téroes ka sagara, satadina watěs tanah tapiswiring, Tjirebon djeung Soemědang.

196. Ti kidoelna ti watěs Tjikidjing, ngaler nandjak ka Goenoeng Tjirěmaj, těroes ka Goenoeng Koromong, ngaler těroes ka laoet, mengkol ngoelon sisi basisir, ti koelon sapandjangna, Tilloetoeng. Tjimanoek, ningal boek tina ajeuna, eta tanah pameuli talak noe tadi, nja eta Madjalëngka.

197. Saafdeeling anoe lima district, kitoe tjatoer rlwajat Soemědang, kotjap Pangoeloe Tjirebon, tina geus hasil maksoed, toeloej bae pamitan balik, teu kotjap di djalanna, ajeuna katjatoer, GIRILAJA ngadagoan, ngarep-ngarep teu pěgat beurang djeung peuting, Pangoeloe teh datangna.

198. Pangoeloe teh tadi memeh indit, ti Tjirebon ka nagri Soemědang, bangět atina teh seber, mikir njampeurkeun moesoeh, rasana teh sosoroh pati, tapi ari djadina, kadatangan moedjoer, saroea djeung oenggoel pěrang, alahbatan ngaroeboeng ngabojong Poetri, Pangoeloe teh rasana.

― 230 ―