Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/208

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

184. Pihatoerna Pangoeloe djeung Patih, kasinggihan pisan sadawoehan, awon teu kaoendjoek bae, oengělna kitab hoekoem, měnggah lampah djalma Moeslimin, oepami awewena, ka saiaki noesoed, nadjan sabraha lilana, lamoen hanteu ditalak mah koe salaki, masih tětěp tikahna.

185. Pilahirna ka Kiai Patih, ajeuna mah rek oendjockan heula, Patih geura milih bae, djalmana anoe tjoekoep, baris mawa soerat ti kami, ka SINOEHOEN Mataram, sina těroes ladjoe, moelangua mawa wangsoelan, gantjangna teh noe mawa soerat geus indit, teu kotjap di djalanna.

186. Ka karaton Mataram geus něpi, sadatangna aju anoe nampa, eta oetoesan Tjirebon, kaoendjoek ka SINOEHOEN, djeung soeratna bawana tadi, geus diaos soeratna, koe SOENAN kamaphoem, kantěnan ngangrès galihna, gantjangna teh oetoesan Tjirebon tadi, geus ditimbalan moelang.

187. Koe SINOEHOEN sarta dipaparin, doea soerat bawaeun manehna, keur ka Boepati Tirebon, oetoesan těroes ladjoe, ka Tjirebon geus datang deul, enggeus tangtoe moelanan, lampah moelang-wangsoel, kébatna jeu tjarita, gantjangna teh doca soerat geus katampi, koe PANGRAN GIRILAJA.

188. Ma'loemna teh soerat anoe hidji, noe toedjoel ka PANGRAN GIRILAJA, Jen SINOEHOEN geus mangartos, njleun nganggresna kalboe, pilahirna montong dipikir, tangtoe papasten tea, ti ALLAH noe Agneng, djaba kitoe eta soerat, anoe hidji deui nja soerat ti kami, kirimkeun ka Soemědang.

189. Toeloej njaoer Pangoeloe djeung Patih, pilahirna PANGRAN GIRILAJA hade Pangneloe koe maneh, mawa soerat SINOEHOEN, oetamana maneh pribadi, měrloekeun mawa kitab, fasal bangsa hoekoem, lamoen GEUSAN OELOEN Islam, koedoe toeroet saoengěling hadis dalil, anging moen masih Boeda.

190. Gantjangna teh Pangoeloe geus indit, ti Tjirebon ka Nagri Soemědang, djadi tambah soesahna teh, koedoe nandjak ka Goenoeng, seseleket djalanna roempil, harita mimitina, ngaran Dajeuh Loehoer, toeloej bae ngadeuheusan, gantjangna teh koe GEUSAN OELOEN ditampi, reh geus loma tadina.

191. Toeloej bae soernt SOENAN tadi, disanggakeun sanggeusing katjandak. koe GEUSAN OELOEN diaos, saoenina ka mafhoem,