Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/207

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

176. Anoe kasěboet batikan, totopong atawa samping, karembong djeung salianna, anoe kangaranan batik, koe sabab aing idjid, ka Djawa Tjirěbon moesoeh, saha anoe ngamaha, ka ieu papagon aing. seg rasakeun mangke aja babalěsna.

177. Něpi ka djaman ajeuna, tara aja anoe wani, lamoen djarah ka makamna, Aki SAJANGHAWOE tadi, make ka ngaran batik, koedoe bangsa noe ditinoen, tapi djaman ajeuna, noe daratang menak koering, lain djarah ka makam DJAJAPERKOSA.

178. Makamna DJAJAPERKOSA, roepana estoe pasagi, teu siga makam noe rea, tětěngěrna ge ngan hidji, babasan malawading. tanda dikoeboerna dioek, sakitoe tjaritana, Aki SAJANGHAWOE tadi, teu katjatoer aja toeroen-manoeroenna.

DANGDANGGOELA.

179. Katjatoerkeun noe keur pada sědih, GIRILAJA rawoeh ponggawana, saeusi nagri Tjirěbon, rehna geus kapioendjoek, koe baladna para pěrdjoerit, noe kakara daratang, marěntas ngaroeroeg, ngaroeroegan Koetamaja, noe hariroep pada malaboer mariris, noe paeh pirang-pirang.

180. Koe GIRILAJA ĕnggeus kagalih, nadjan hantěm njieun tatamplokan, koe sapangeusi Tjirěbon, Koetamaja diroeroeg, nadjan oentoeng tapi kagalih, njieun tjoea manahna, nadjan geus karěboet, tapi eta HARISBAJA, nadjan geulis reh papisah ěnggeus lami ajana di noe lian.

181. Moal pěgat mangke tjoea galih, HARISBAJA masih tědak SOENAN, lain awewe noe hade, lakoena hina noesoed, wani tega tinggal salaki, hina taja kawirang, GIRILAJA njaoer, ka anoe ngadareuheusan, praponggawa rawoeh Pangoeloe djeung Patih, dawoehan GIRILAJA.

182. Ajeuna mah koe kami kapikir, moal owěi koe si HARISBAJA, awewe noe goreng hate, ngan ingět ka SINOEHOEN, di Mataram anoe maparin, ngaranna ge gandjaran, ti KANGDJENG SINOEHOEN, pěrtanda kami kamanah, koemawoela ngaranna pangkat Bopati, tanpa raos katjida.

183. Lamoen hěnteu kami goesak-gasik, teu oendjoekan sakoer kadjadian, soemělang meunang běběndon, siga teu sembah noehoen, gandjaranna hanteu dipoesti, toer eta HARISBAJA, alona SINOEHOEN, noe ngadeuheus barěng njěmbah, djeung taroengkoel atina pada sarědih, wělaseun ka Goestina.

- 228 -