Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/206

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

167. Ieu koe batoer tiloean, wěleh bae teu kapanggih, manawina katiwasan, paeh katitih koe djoerlt, bangkena disamboeni, saakal-akalna moesoeh, kami teh kaget plisan, bangět nja ngahělas ati, ngalěnggěrěk saroepa anoe kasima.

168. Leungit pikiran ichtiar, sarehing teu aja deui, anoe didjieun andělan, kadjaba Aki pribadi, ti dinja datang pikir, anggoer goera-giroe moeboes, ngingětkeun santosana, moesoeh noe garagah sakti, tangtoe pisan ngaboeroe ka Koetamaja.

169. Harita teh Ki NANGGANAN, aja di pajoeneun Goesti, ti dinja DJAJAPERKOSA, napsoe awakna ngagidir, ngědjat djeung njaboet badi, djeung ngarontok bari noemboek, něwěkan Ki NANGGANAN, geus teu bisa hoedang deui, Ki NANGGANAN toeloej paeh babar pisan.

170. GEUSAN OELOEN djěngkar ngědjat, djeung ladjéng ngoentjikeun boemi, ajeuna noe katjarita. Aki SAJANGHAWOE indit. kawas anoe teu eling, bari ngomong toeroen tjadoe, watěs ieu ngawoela, moal rek ngawoela deus, noe boemela hěnteu pisan katarima.

171. Sakieu nja ngabelaan, sosoron ngalaboeh pati, anggoer ngagoegoe NANGGANAN, manoesa bohong djědiěrih, ngomongna bari tjeurik, bari leumpangna teh ngidoel, jeu teh panganggeusan, moal rek ngawoela deui, ka doenoengan noe teu boga panarima.

172. SAJANGHAWOE bari leumpang, ngawah napsoe liwat saking, majitna Aki NANGGANAN pinoeh kabaloer koe gětih, kabeh pada tjareurik, reudjeung pada ngagoegoeloeng, noe araja di dinja, geus teu katjatoerkeun deui, Ki NANGGANAN majitna geus dikaloeat.

173. Ari Ki DJAJAPERKOSA, tonggoj atina teh sědih, tapi hěnteu katjarita, manehna měrěnah tjitjing, ngan tajohna teu pati, djaoehna ti Dajeuh Loehoer, samalah katjarita, wasiatra wanti-wanti, talatahna ka sakoer anak-intjoena.

174. Pokna lamoen aing adjal, toeroetkeun pamenta aing, koeboer deukeut kaboejoetan, rada beh kaler saeutik, djeung mangke majit aing, dikoeboerna sina dioek, oelah sina nangkarak, sabab aing hěnteu soedi, njanghoeloean ka lěbah oeroet doenoengan.

175. Sarehna ti Kaboejoetan, ngaler ka koelon saeutik, kana palěbah boemina, doenoenganana noe tadi, djeung talatahna deui, papagon ka anak intjoe, lamoen mangke daratang, djarah ka koeboeran aing, panatjoean oelah make tjara Djawa.

---