Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/205

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Manehna datang pikiran, kakara manehna indit, nendjo oeroet djalma boedal, mapaj ka kanan ka kiri, taksiranana sidik, pang kosong pada maroeboes, paranna ngidoel ngetan, hantěn dipapaj disoengsi, djeung papanggih djalma anoe lalar-liwat.
  2. Ti dinja meunang tjarita, di goenoeng geus ngaděg nagri, noe boedal ti Koetamaja, beuki lila beuki sidik, ti dinja ganti pikir, SAJANGHAWOE datang napsoe, leumpangna beuki gantjang, teu karasa djalan roempil, katjatoerkeun ka Dajeuh Loehoer geus datang.
  3. Toeloej bae ngadeuheusan, GEUSAN OELOEN eukeur tjalik, dideuheusan koe batoerna, GEUSAN OELOEN kaget galih, barang ret katingali, toeloej digoepaj disaoer, kotjap djol ka pajoenan, lahirna bagea Aki, SAJANGHAWOE toengkoel henteu ngawalonan.
  4. Ngan toeloej bae oendjoekan, koe naon margina Goesti, mana ngalih ti nagara, ka noe loehoer ka noe soeni, djeung sakieu raroempil, pilahirna GEUSAN OELOEN, nja dalah dikoemaha, ichtiar salamět diri, měnding moeboes ti batan badan tjilaka.
  5. Sanggeus koela meunang bedja, jen Aki kasamboet djoerit, teu aja deul andělan, kadjaba Aki pribadi, toeloej bae ngagidir, awakna ki SAJANGHAWOE, djeung bari pioendjoekna, kapan abdi teh geus djangdji, njieun tawis tatanda tangkat handjoeang.
  6. Oepami eta handjoeang, noe didaměl tawis tadi, roeboeh atawana perang, komo moen paeh sakali, eta pertawis abdi, kasoran paeh koe moesoeh, tatapi kaget pisan, barěng dongkap beh kapanggih, beh ditingal nagara geus boerakrakan.
  7. Běngong bae sadjongdjonan, teu aja djalma sahidji, koe hajang nanja sababna, dajeuh kosong roentang-ranting, ti dinja datang pikir, boa handjoeang teh roeboeh, toeloej bae diteang, barěng beh estoe walagri hanteu robah hiroep bělěgěran pisan.
  8. 'Na koemaha katingaina, koe Goesti waktoe satadi, GEUSAN OELOEN pilahirna, kami nja poho teh teuing, djeung kaboeroe kapanggih, djeung batoer Aki noe tiloe, noe tadi babarengan, ti dieu rek mapag djoerit, sadatangna koe kami gantjang ditanja.
  9. Aki SAJANGHAWOE mana, mana hěnteu barěng balik, pihatoer Aki NANGGANAN, soemoehoen doedoeka Goesti, reh tiloe opat wěngi, abdi hěnteu pisan těpoeng, dina samemeh moelang, sarěng batoer disaroengsi, di lalahan dina oeroet pěrang tea.
    - 226 -