Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/204

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Katjatoerkeun malikan deui tjarita, ki SAJANGHAWOE tadi, keur waktoe pěrangna, oenggoel pisan gagahna, moesoehna kaboer mariris, hantěm dioedag, teu wěleh ngaběběrik.
  2. Kjai SAJANGHAWOE ngaranděg ngoedagna, tina katjida teuing, djaoeh ti oeroetna, tadi mimiti perang, toeloej hahaokan tarik, dagoan Djawa, noeroestoendjoeng djědjěrih.

SINOM.

  1. Eta djadi sasakala, oeroet SAJANGHAWOE tadi, hahaoka ka moesoehna, noe dioedag maboer miris, něrina ka kiwari, aja lěmboer disarěboet, ngaranna Dago-Djawa, pitjatoeran nini aki, di Soemědang mashoer kitoe riwajatna.
  2. Ngebatkeun ieu: tjarita, ki SAJANGHAWOE teh tadi, ngaranděg eureun di dinja, koe manehna teh kapikir, ajeuna anggoer balik, tanpa goena sědih kalboe, sakieu dihaokan, taja anoe balik deui, ti dinja teh SAJANGHAWOE těroes moelang.
  3. Bari neangan batoerna, dipapaj diilik-i.ik, dina oeroet taroeng pěrang, bari gégeroan tarik, bari dillik-ilik, ka noe hoeni kanoe singkoer, pikirna palangsiang, pada kasasar ngadjoerit, hantēm njaksrak djeung bari bingbang pikirna.
  4. SAJANGHAWOE henteu njangka, jen batoerna geus baralik panjangkana katiwasan, soegan lajonna kapanggih, djeung dihantem disoengsi, di noe boeni di noe singkoer, sanggeus wěleh reangan. SAJANGHAWOE datang pikir. leuwih hade katni gartjang hae moelang.
  5. Tina geus wěleh neangan. rek dioendjoekkeun ka Goesti, toeloej SAJANGHAWOE mangkat, henteu wěleh alak-ilik, ka kanan djeung ka kiri, nja eta ngilikan batoer. bari djeung gegeroan. gantjangna bae geus něpi, kaget bengong ningal dajenh Koetamaja.
  6. Kageteun kabina-bina, pikirna teh asa ngimpi, djeung nendjoan imah2 kosong sépi roentang-ranting. taja djalma sahidji. alak-ilik ngaler ngidoel, toeloej DJAJAPERKOSA, ingěteun djangdjina tadi, enggeus njieun tatanda tangkal handjoeana.
  7. Ti dinja toeloej diteang teu lila geus neh kapanggih eta teh tangkal handjoeang, bělégèran hiroep hoerip, ti dinja teh kapikir, tajohna teh GEUSAN OELOEN, teu ningali handjoeang, teu nganděleun kana djangdji, abong2 ka djalma bangsa oerakan.
    225