Ieu kaca geus diuji baca
- Taja lian hajoe oerang gantjang ingkah, maroeboes ka noe boeni, walon HARISBAJA, abdi ngiringan pisan, GEUSAN OELOEN njaoer Patih, dawoehanana, harajoe bapa Patih.
- Aradjakan kabeh djalma sanagara, oerang pada arindit. ninggalkeun nagara, hawa saradja-banda, nerang moeboes ka noe boeni, oerang ichtiar, soegan noelak balal.
- Rehna AKI SAJANGHAWOE katiwasan, maot katitih djoerit, geus taja andělan, kadjabana ti eta, walonna Kiai Patih, sadaja-daja, ngiring sakarsa Goesti.
- Katjaloerkeun ti Koetamaja baroedal, nandjak ka leuweung sami, di djaman harita, teu atjan dingaranan, tjara sapěrti kiwari nělah ngaranna, Dajeuhloehoer nagari.
- GEUSAN OELOEN lali kana pěrdjangdjian, SAJANGHAWOE satadi, geus njieun tangara, tangkal handjoeang tea, oepami masih walagri, montong soemělang, pertawis oenggoel djoerit.
- Geus broel mangkat sapangeusi Koetamaja, sabogana diringkid, ti dinja pěrnahna, ka kidoel mengkol ngetan, narandjak di Pasirreungit, těroes ka wetan, sami mareuntas tjal.
- Ari anoe dimaksoed didjoegdjoeg tea, soekoe goenoeng RANGGANIS, anoe pangwetanna, reh loehoer momonggorna, disěboet koe noe kiwari, nja kaboejoetan, mashoer ka mana-měndi.
- Ari eta noe disěboet boeboejoetan, sipatna Batoetjoeri, nangtoeng tjara tihang, kawas ti djaman Boeda, něpi ka djaman kiwari, taja robahna, ngaděg li poentjak pasir.
- Gantjangna teh teu katjatoer didjalanna, GEUSAN OELOEN geus soemping, soemělang manahna, reh RATOE HARISBAJA nganděgna geus doen sasih, waktoe harita, toer njorang jalan roempil.
- Tapi RATOE HARISBAJA berag pisan, kotjapkeun abdi pangeusi nagara, sakabeh geus daratang, djeung ngirid saanak rabi, pada běběnah, baris ěnggonna tjitjing.
- Hanteu lila geus djadi roepa nagara, nadjan taringgoel roempil, tina kapěrloean, geus diatoer ditata, boemi menak abdi2, komo lěbětna, pantěs boemi boepati.