Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/213

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

39. DAJEUH MADJAPAIT.

Kawas sakoer bangsa. oerang mah moal pati aja noe bireuk, jen djaman baheula di Poelo Djawa, aja hidjf karadjaan Djawa-Hindoe anoe gěde kabina-bina, katjěloek ka awoen, kawentar ka mantja nagara, nja età karadjaan Madjapait; bawahanana gède moal sabarana, leutik moal sabaraha, tí kapoeloan Hindia-Wetan ajeuna.

Dajeuhna eta karadjaan ngaranna Madjapait oge: ajana teu pati djaoeh ti dajeuh Modjokerto ajeuna, kira² lebah desa Troewoelan. Eta dajeuh diadegkeunana dina tahoen 1294 koe Pangeran WIDJAJA, anoe di achir djoeměněng radja di dinja, wawangina Radja KERTARADJASA. Dajeuh Madjapait těroes-toeměroes djadi dajeuh karadjaan něpi ka tahoen 1400; ti sěmět harita dajeuh karadjaan dipindahkeun, lain di Madjapait. Dina tahoen djoeměněng radja di Madjapait, kakasihna HAJAM WOEROEK, nja andjeunna radja Madjapait anoe pangmashoerna kaagoenganana. Di Madjapait aja pirang aloen, loba tjandina djeung rea karaton'. Tapi noe ajeuna aja keneh patilasanana ngan: Wringin Lawang djeung Badjang Ratoe; lian ti eta patllasan tjandi-tjandina, nja eta Tjandi Kedaton, Tikoes, Brahoe d. s. t.

Kabeh-dieunakeun, lantaran kersana Kangdjeng Dalěm Modjokerto, loba deuí patilasan³ eta dajeuh anoe kapanggih deui, kajaning: pirang titimangsa, oeroet tembok koeta aakoerlling dajeuh djeung koeboeran radja-radjana. Eta kabeh diampihan di museum di Modjokerto.

Ari anoe kabawah ka karadjaan Madjapait salianna Poelo Djawa, nja eta: Tambilan ajana di Laoet Tjina beulah kidoel - Siantan djeung Djemadja (Kapoeloan Anambas) di laoet eta keneh Boengoeran, Sěrasan, Soebi djeung Poelo Laoet (Kapoeloan Natoena) di laoet eta keneh Tioman (Timoan), Poelo Tinggl djeung Pamanggilan atawa Pamanggli (sawetaneun Malaka basisir wetan) Poelo Karimata (koeloneun Borneo) - Blitong (Bilton) djeung Bangka Lingga, Rio, Bintan djeung Boelang (Kapoeloan Rio djeung Lingga) - Sambas, Mampawah, Soekadana, Kotawaringin, Bandjarmasin. Pasir, Koetel djeung Berou (Borneo) Djambi, Falembang, Pasel (Soematra) - Oedjoeng Tanah (Kaap Romala di Malaka) - Bandan (Kapoeloan Banda) - Seram (Ceram) Larantoeka (Flores) - Bima djeung Soembawa - Salaparang (Lombok) ― Bali djeung Balangbangan (Djawa Wetan). Noeroetkeun tjek kaol Djawa loba deui radja anoe taloek bajar oepěti ka Madjapait, nja eta: Radja Singapoera, Indragiri (Soematra), Broeneí (Borneo), Kapoeloan Soeloe, Manila, Ternate, Timor, Ende (Flores), Gowa djeung Makasar (Celebes). Kitoe deui di karadjaan Měnangkěbo, teu meunang henteu koedoe aja oerang Djawa noe dihadja dipindahkeun ka dinja.

― 234 ―