Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/212

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

216. Nagarana sisi tjai, lega lempar lalahanna, kakoerilingan Tjipeles, rapět ka kota ajeuna, sabeulah kaler-wetan, malah kaitoeng kaasoep, sisina kota ajeuna.

217. Ajeuna malikan deui, soepaja sakabeh terang, satr.di babad Tjirebon, teu bisa ladjoe djalanna, koeloneun lěmboer Godang, kapěgat koe Goenoeng Batoe, djeung ngadadak maroeriang.

218. Ari Goenoeng Batoe tadi, nja Goenoeng Tjarioe tea, něp: ka sisi Tjipeles, sakoeloneun lěmboer Godang, dalah djaman ajeuna, koe djělěma disarèboet, jen sangět loba djoerigna.

219. Malah-malah geus kaboekti, tjaritana noe ajeuna, dina sawaktoe bareto, taoen lima poeloeh doea, baris didjieun jalan, mimiti ti Karang-samboeng, anoe těroes ka Soemědang.

220. Tatapi teu koengsi djadi, dina samangsa harita, timbanganana Goepěrmen, teu atjan pěrěloe pisan, tatapi di tnoetan sarebbe dalapan ratoes, djeung toedjoeh poeloeh salapan.

221. Harita dipadjoe deui, ně.oeskeun ngaganti djalan, noe ti Tjohggeang ka Tomo, diatoer koe Watersétat, noeroet djalan baheula, njorang ka Goenoeng Tjarioe, deukeut lěmboer Godang teu.

222. Nagarana sisi tjai, lega lempar lalahanna, ajeunana Tegal kalong, rapět ka kota ajeuna, sabeulah kaler-wetan, malan kaitoeng kaasoep, sisina kota ajeuna.

223. Watěs leu noe digoerit, ari babad Soemědang mah, djadi masih pandjang keneh, ari ieu babakoena, soepaja pada terang, asal tědak GEUSAN OELOEN, ieu babad digoeitna.

224. Beunang Dalem Adipati, Aria Martanagara, pangarang ieu babad teh, minangka njieun poesaka, tingaleun poetra-wajah. ngajoeh barkating loeloehoer, tědak-toemèdak Soemědang.

225. Pepeling tamat ngagoerit, ngarang babadna Soemědang, noedjoe dina dintěn Sěnen, boelan Februari tanggal, gèněpwèlas tahoenna, sareboe salapan ratoes, doea poeioeh di Soemědang.

― 233 ―